Punten,ngiring ngaramekeun...
Rerencangan kantor nembe ngiringan ibadah Haji taun ieu.
Anjeuna ngadongeng pangalamana nuju diditu, nyarios ka abdi,"Ro, 
nama kamu disana sering banget dipanggilin, apalagi kalo shafnya 
nggak lurus/beres...Siti Rohmah!...Siti Rohmah! sambil minta shafnya 
diberesin". Kaleresan nami abdi pamasihan ti eyang teh saleresna 
Roro Siti Rohmah (rosma)...Astagfirullahaladzim, hartosna eta teh 
geuningan WTS??!!! Terang kitu mah basa abdi nuju alit teh protes...

rosma
nunembeterangnaminaawon

--- In [email protected], urang subang teureuh panjalu 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> punten baraya sing ati-ati bilih aya nu kaarab tong atoh lamun 
disebut siti rahmah teh margi siti rahmah teh sanes nami atanapi 
sesebatan kanggo istri nu asalna ti indonesia atanapi nami panggilan 
istri/awewe di arab tapi numutkeun budaya arab nu kapendak 
kusimkuring dina etnografi arab mah sesebatan siti rahmah teh kanggo 
awewe lengger alias wts upami di indonesiana mah, di arab aya 
istilah kanggo nyebat wts diantarana siti rahmah sareng khomsinat nu 
hartosna khomsinat teh 50 an maksadnamah awewe nu tiasa dibayar ku 
artos 50 duka real duka juneh nu jelas mah sanes rupiah da mata uang 
diarabmah sanes rupiah sakitu wae cag.
> 
> indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  Leres Kang Waluya, leres oge 
kang Yudi teu aya anu lepat, santai sajah....Ulah sarius. Si teteh 
oge kantos bergaul sareng urang arab sadaya balageur, mung pas upami 
aurat istri katingal anjeuna sok nyebat haram siti rahmah. haram 
siti rahmah. Sadaya istri indonesia anu munggah haji di sebat siti 
rahmah Mung kanggo  istri kedah wanti2 ulah masihan kelet anu 
mengundang (naon sundana), eta anu nyababkeun kacilakaan perkosaan. 
>   Sapertos conto anu alit upami dikurudung heug katingali sakedik 
rambutna (teu rapih) eta sami sareng nangtang lalaki arab. 
>    
>   Kumargi mas kawin di Arab teh awis seueur lalaki nu teu kabedag 
kawin ka wanita arab, nya seueur bujangan tua nyababkaeun lamun  
wanita indonesia anu lumbah-lambeh sok jadi korban pelecehan.Tapi 
aya oge anu dijantenkeun istri.
>   Kitu manawi, sakaterang
>    
>   ipeut
>    
>   
> 
> Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Hehe henteu kasigeung mah Bah. 
> Pedah kaleresan we ti kamari Abah posting perkawis poligami lah,
> perkawis sahwat lah ... Padahal mah meureun nu kitu mah aya di saha
> wae, lain di urang Arab wungkul. Upami misalna aya topik 
diskusieun nu
> munel mah mangga sugan we aya sasieureun sabeunyeureun tina 
pangalaman
> abdi jeung urang Arab nu henteu salawasna sae. 
> 
> Sareng kaleresan pisan kamari ngadamel posting ngeunaan dongeng ieu
> yeuh (ka nu kantos maca, punten ngaduakalian):
> 
> Kapungkur zaman Dinasti Abasid, di Baghdad aya ulama nu katelah ku
> elmuna nu luhung. Hiji waktos tatangga eta ulama hariweuweus 
manggihan
> manehan bari pok: "Akang-akang, bieu kuring ngadenge carita 
ngeunaan
> batur Akang, si anu tea!"
> 
> "Heup keheula, samemeh dicaritakeun, Kula aya tilu tanyakeuneun 
heula.
> Mun jawaban ilaing nyugemakeun, karek eta carita bejakeun."
> "Euleuh maenya rek ngadongeng wae kudu dites heula?"
> 
> "Enya euy, aya alusna mun boga dongeng ngeunaan jelma urang saring
> heula samemeh dibuja-beja ka batur."
> "Sok atuh."
> 
> "Yeuh nu kahiji: naha eta beja teh anjeun geus yakin BENER?"
> "Alah duka teuing atuh da eta ge ceuk beja. Kuring oge karek bieu
> ngadengena" 
> 
> "Kutan? wah atuh balai ieu mah. Sok cikan nu kadua sugan lulus: 
Naha
> nu rek dicaritakeun ku anjeun ngeunaan batur dewek teh HADE?"
> "Wah sigana mah henteu euy..."
> 
> "Kutan deui? jadi anjeun teh rek nyaritakeun kagorengan batur bari
> jeung anjeun teu nyahu beja eta bener atawa henteu? Heueh alus 
ningan.
> Sok atuh sugan nu katilu mah nyugemakeun: Naha carita anjeun teh 
aya
> GUNANA pikeun kula?"
> 
> "Leuh, teuing euy, tapi sigana mah henteu."
> 
> "Kitu nya! Atuh mun beja nu ku anjeun dengen teh can tangtu BENER,
> lain beja nu HADE, tur euweuh GUNA keur kuring; keur naon 
dibejakeun
> tur keur naon kuring nyaho?."
> *****
> Muhammad (SAW) pernah ditanya "Wahai Rasulullah, apa sebenarnya 
Ghibah
> itu?" "Ghibah itu berkata sesuatu tentang saudaramu yang dia tidak
> suka." Beliau ditanya lagi "Bagaimana kalau ianya 
benar?" "Sekiranya
> apa yang kau katakan itu benar engkau telah melakukan ghibah dan
> sekiranya kabar itu tidak benar maka engkau telah melakukan 
fitnah".
> [HR Muslim, Abu Daud dan At-Tarmizi]
> 
> Baktos
> Yudi
> 
> 
> 
> --- In [email protected], "waluya56" <resoma@> wrote:
> >
> > Ih .... teu pisan-pisan kulan, da ceuk kuring oge dina millis 
mah 
> > sagala diobrolkeun. Sepi atuh teu aya nu posting mah, jeung teu 
kedah 
> > dianggap serieus teuing. Perkawis urang Arab, nembe kuring 
ngobrol 
> > jeung katurunan Arab, Si Said, pagawe Puslitbang Air, malah 
> > dibacakeun postingan kuring. Manehna kalahka nyakakak seuri. 
Kuring 
> > mah geus biasa gaul jeung urang Arab (kuturunan), sabab Almarhum 
Pun 
> > Ua carogena urang Arab nu asalna ti Purwakarta.
> > 
> > Tah perkawis stigma urang Arab kurang hade, pan kuring ge menta 
> > klarifikasi, naha leres henteu. Da perkawis ieu teh geus rahasia 
> > umum. Teu kedah disumput-salindungkeun. Hubungan urang Arab 
jeung 
> > Urang Sunda, geus lila, tangtuna oge mucunghul prepektif masing-
> > masing, boh ti urang sunda ka urang arab atawa sabalikna. Dina 
> > Buku "NGalanglang Kasusatraan Sunda", kenging Pa Ayip Rosyidi, 
> > dicarioskeun aya sababaraha novel kenging sastrawan2 sunda, nu 
> > nyigeung rada miring ka urang Arab.
> > 
> > Nya upami teu satuju mah, nya atos we teu kedah didiskusikeun, 
da 
> > maksud kuring ge ukur ngobrol pasosore (waktu Indonesia Kulon). 
> > Satadina mah kuring teh hayang ngobrol bebas jiga jeung Pak S 
atawa 
> > jeung si Said, bari seuseurian ......
> > 
> > Punten pisan, upami postingan kuring perkawis urang Arab, 
nyigeung 
> > kang Yudi.
> > 
> > Baktos,
> > WALUYA   
> > 
> > 
> > --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <adesae@> 
wrote:
> > >
> > > Abdi gaduh sababaraha rerencangan urang Arab. Supervisor abdi 
urang
> > > Arab. Abdi tangtos gaduh pamendak ngeunaan urang Arab. 
Sateuacanna
> > > diwartoskeun kumaha maranehna (sieun bisi ngomongkeun/ 
ghibah), abdi
> > > bade tumaros heula. 
> > > 
> > > Bade dicandak kamana diskusi ieu teh? Asa ti kamari Bah Willy 
teh
> > > bulak2 balik mosting nu ngagogoreng urang Arab. Aya untungna 
pikeun
> > > urang nyarioskeun kagorengan urang Arab?
> > > 
> > > Baktos
> > > Yudi
> > >
> >
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
>   SPONSORED LINKS 
>         Corporate culture   Business culture of china   
Organizational culture     Organizational culture change   Jewish 
culture 
>     
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
>     
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
>     
> ---------------------------------
>   
> 
> 
> 
> Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
>   SPONSORED LINKS 
>         Corporate culture   Business culture of china   
Organizational culture     Organizational culture change   Jewish 
culture 
>     
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
>     
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
>     
> ---------------------------------
>   
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Mail
> Bring photos to life! New PhotoMail  makes sharing a breeze. 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke