Ih .... teu pisan-pisan kulan, da ceuk kuring oge dina millis mah sagala diobrolkeun. Sepi atuh teu aya nu posting mah, jeung teu kedah dianggap serieus teuing. Perkawis urang Arab, nembe kuring ngobrol jeung katurunan Arab, Si Said, pagawe Puslitbang Air, malah dibacakeun postingan kuring. Manehna kalahka nyakakak seuri. Kuring mah geus biasa gaul jeung urang Arab (kuturunan), sabab Almarhum Pun Ua carogena urang Arab nu asalna ti Purwakarta.
Tah perkawis stigma urang Arab kurang hade, pan kuring ge menta klarifikasi, naha leres henteu. Da perkawis ieu teh geus rahasia umum. Teu kedah disumput-salindungkeun. Hubungan urang Arab jeung Urang Sunda, geus lila, tangtuna oge mucunghul prepektif masing- masing, boh ti urang sunda ka urang arab atawa sabalikna. Dina Buku "NGalanglang Kasusatraan Sunda", kenging Pa Ayip Rosyidi, dicarioskeun aya sababaraha novel kenging sastrawan2 sunda, nu nyigeung rada miring ka urang Arab. Nya upami teu satuju mah, nya atos we teu kedah didiskusikeun, da maksud kuring ge ukur ngobrol pasosore (waktu Indonesia Kulon). Satadina mah kuring teh hayang ngobrol bebas jiga jeung Pak S atawa jeung si Said, bari seuseurian ...... Punten pisan, upami postingan kuring perkawis urang Arab, nyigeung kang Yudi. Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Abdi gaduh sababaraha rerencangan urang Arab. Supervisor abdi urang > Arab. Abdi tangtos gaduh pamendak ngeunaan urang Arab. Sateuacanna > diwartoskeun kumaha maranehna (sieun bisi ngomongkeun/ ghibah), abdi > bade tumaros heula. > > Bade dicandak kamana diskusi ieu teh? Asa ti kamari Bah Willy teh > bulak2 balik mosting nu ngagogoreng urang Arab. Aya untungna pikeun > urang nyarioskeun kagorengan urang Arab? > > Baktos > Yudi > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

