Astagfirullah kang, nu leres eta teh? padahal sebatan "Siti Rahmah" ka awewe 
urang Indonesia nu nuju  munggah haji teh, cenah mah umum diucapkeun ku 
urang Arab. Dina Kompas, dua-tilu taun kapengker, kantos dicarioskeun, 
sebatan "Siti Rahmah" ieu teh. Ceuk tulisan dina Kompas, kusabab awewe urang 
Indonesia resep balanja, sagala diborong, janten masihan RAHMAT kanu dagang. 
Tapi ieu ceuk wartawan Kompas nu munggah Haji, nu kuring yakin teu ngartos 
basa Arab, komo tepi kana basa prokemna mah.

Upami leres hartosna sapertos nu disebat ku Akang, ....... tah eta panginten 
stigma urang Arab ka awewe urang Indonesia teh, goreng pisan. Paingan atuh 
ari sasih Juli-September, cenah seueur turis Arab nu ngadon pelesir ka 
Indonesia, ngaradon kawin "kontrak" didieu. Jiga di Kampung Sampay Ciawi 
Bogor. Jeung paingan nasib TKW, da meureun dianggap awewe bangor. Pa S nu 
kamari ku kuring didongengkeun, nyarioskeun urang Arab teh sok nyarios : 
"Indonisi, Indonisi, Cianjur, ayam .........."

Hatur nuhun informasina, komo lamun akang masihan referensina, nu rada 
lengkep. Paling henteu aya gunana keur kuring, jadi terang. Bisi we, hiji 
waktu lamun gaduh rejeki, heug Jarah ka Mekkah jeung Pun Bojo. Lamun aya 
urang Arab nyebat "Siti Rahmah" ka pun bojo, meureun ceuk kuring teh : " 
Naon Siah, kehed teh ........ kurang ajar !" (Tapi ku Basa Sunda ..... moal 
ngartieun ieuh ....heuheuheu) .

Baktos,
WALUYA




----- Original Message ----- 
From: "urang subang teureuh panjalu" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Saturday, March 04, 2006 12:46 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Arab, Ceuk Batur Kuring (siti rahmah sebatan 
kanggo wts)


> punten baraya sing ati-ati bilih aya nu kaarab tong atoh lamun disebut 
> siti rahmah teh margi siti rahmah teh sanes nami atanapi sesebatan kanggo 
> istri nu asalna ti indonesia atanapi nami panggilan istri/awewe di arab 
> tapi numutkeun budaya arab nu kapendak kusimkuring dina etnografi arab mah 
> sesebatan siti rahmah teh kanggo awewe lengger alias wts upami di 
> indonesiana mah, di arab aya istilah kanggo nyebat wts diantarana siti 
> rahmah sareng khomsinat nu hartosna khomsinat teh 50 an maksadnamah awewe 
> nu tiasa dibayar ku artos 50 duka real duka juneh nu jelas mah sanes 
> rupiah da mata uang diarabmah sanes rupiah sakitu wae cag.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke