Ehh Kang Yosep, sanes diemutan, ieu mah saupamina digentos nami, da alim atuh disebat wts mah euleuh kedah ngamodal deui ngadamel seseratan mangkaningan urang Indonesia tea kana seseratan "ngartos" (nga-artos) alias beuki duit heheh
Sanaos urang Wado ge tebih mela-melu ti Arab Saur Bah Willy oge saha nu terang atuh boa teuing abdi ge dipasihan rejeki ku Alloh, angkat haji ka tanah suci. Dina pasporna engke diserat Siti Rohmah dugi ka Bandara King Abdul Aziz diparios ku petugas, pasti ditaros,"Siti Rohmah????!!" Bitch???!! Wios atuh ari teu kedah diemutan mah, sangu tos janten bubur . Bubur beureum janten Jawadah, bubur bodas janten Bubur Ayam Special wae nyaa.. kantun dipurulukan ku bawang beureum, saledri, suiran hayam, cakueh sareng kurupuk aci nyam nyam mmmmmm dina acara Kopdar (yeuh panicia Kopdar, Kang Yosep hoyong bubur ceunah!heheh ). Jadi ngacaprux kieu pokonamah abdi hoyong terang referensina... ros, nukeukeuhpeuteukeuh --- In [email protected], "Yosep Hania" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Alah the Rosma urang wado...tong ieuh di emutan kana hartosna eta nami > sareng di kaitkeun di arab. Da urang mah linggih di Indonesia sanes di > arab, sareng tergantung ka jalmina deui. > Tapi upami bade ngabubur bodas-bubur beureum deui mah teu nanaon, atuh > sakantenan Kopdar...heheheh > > Baktos > Yosep > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

