Alah the Rosma urang wado...tong ieuh di emutan kana hartosna eta nami
sareng di kaitkeun di arab. Da urang mah linggih di Indonesia sanes di
arab, sareng tergantung ka jalmina deui.
Tapi upami bade ngabubur bodas-bubur beureum deui mah teu nanaon, atuh
sakantenan Kopdar...heheheh

Baktos
Yosep


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of rosma_ilyas
Sent: Saturday, March 04, 2006 11:51 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Arab, Ceuk Batur Kuring (siti rahmah sebatan
kanggo wts)

Satuju Bah Willy! (Aeh, punten Bah...sakantenan nepangkeun..) pami 
aya mah referensina. Moal pati2 Aki/Eyang abdi masihan nami Siti 
Rohmah pami tidituna leres awon, punten sanes agul ku payung butut, 
pun Aki teh kaleresan leket kana agamina sareng guru ngaos deuih. 
Duh... ma enya abdi kedah gentos nami mah...mangkaningan tos dibubur 
beureum bubur bodas, tangtos tos aya na seseratan kayaning ijazah ti 
tk dugi ka paguron, akte, ktp, kartu keluarga srrd... 

ros
nunujubingung

--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Astagfirullah kang, nu leres eta teh? padahal sebatan "Siti 
Rahmah" ka awewe 
> urang Indonesia nu nuju  munggah haji teh, cenah mah umum 
diucapkeun ku 
> urang Arab. Dina Kompas, dua-tilu taun kapengker, kantos 
dicarioskeun, 
> sebatan "Siti Rahmah" ieu teh. Ceuk tulisan dina Kompas, kusabab 
awewe urang 
> Indonesia resep balanja, sagala diborong, janten masihan RAHMAT 
kanu dagang. 
> Tapi ieu ceuk wartawan Kompas nu munggah Haji, nu kuring yakin teu 
ngartos 
> basa Arab, komo tepi kana basa prokemna mah.
> 
> Upami leres hartosna sapertos nu disebat ku Akang, ....... tah eta 
panginten 
> stigma urang Arab ka awewe urang Indonesia teh, goreng pisan. 
Paingan atuh 
> ari sasih Juli-September, cenah seueur turis Arab nu ngadon 
pelesir ka 
> Indonesia, ngaradon kawin "kontrak" didieu. Jiga di Kampung Sampay 
Ciawi 
> Bogor. Jeung paingan nasib TKW, da meureun dianggap awewe bangor. 
Pa S nu 
> kamari ku kuring didongengkeun, nyarioskeun urang Arab teh sok 
nyarios : 
> "Indonisi, Indonisi, Cianjur, ayam .........."
> 
> Hatur nuhun informasina, komo lamun akang masihan referensina, nu 
rada 
> lengkep. Paling henteu aya gunana keur kuring, jadi terang. Bisi 
we, hiji 
> waktu lamun gaduh rejeki, heug Jarah ka Mekkah jeung Pun Bojo. 
Lamun aya 
> urang Arab nyebat "Siti Rahmah" ka pun bojo, meureun ceuk kuring 
teh : " 
> Naon Siah, kehed teh ........ kurang ajar !" (Tapi ku Basa 
Sunda ..... moal 
> ngartieun ieuh ....heuheuheu) .
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----- 
> From: "urang subang teureuh panjalu" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Saturday, March 04, 2006 12:46 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Arab, Ceuk Batur Kuring (siti 
rahmah sebatan 
> kanggo wts)
> 
> 
> > punten baraya sing ati-ati bilih aya nu kaarab tong atoh lamun 
disebut 
> > siti rahmah teh margi siti rahmah teh sanes nami atanapi 
sesebatan kanggo 
> > istri nu asalna ti indonesia atanapi nami panggilan istri/awewe 
di arab 
> > tapi numutkeun budaya arab nu kapendak kusimkuring dina 
etnografi arab mah 
> > sesebatan siti rahmah teh kanggo awewe lengger alias wts upami 
di 
> > indonesiana mah, di arab aya istilah kanggo nyebat wts 
diantarana siti 
> > rahmah sareng khomsinat nu hartosna khomsinat teh 50 an 
maksadnamah awewe 
> > nu tiasa dibayar ku artos 50 duka real duka juneh nu jelas mah 
sanes 
> > rupiah da mata uang diarabmah sanes rupiah sakitu wae cag.
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke