Hehehehe ....aya-aya wae, Bah Dirman mah. Kuring oge teu ngartos
kunaon cap "panjang jeung badag" teh sok "diteumbleuhkeun" wae ka
urang Arab. Padahal mah panginten acan tangtos (atawa leres
kitu? ...hehehehe). Ieu aya dongeng nu geus kadangu ku kuring ti keur
budak keneh, kieu cenah :
Wan Abud keur naek sapedah, dijalan papanggih jeung awewe sisi jalan.
Si Awewe teh nyegat bari nyarita : " Wan ..., Wan Abud, rek kamana?,
bonceng kuring, haroream leumpang yeuh, rek ka pasar".
Sreg, wan Abud teh ngerem sepedahna, terus eureun: " Rek ka Pasar
oge. Hayu, rek ngilu mah"
Dirigdig eta awewe teh, nyampeurkeun Wan Abud, tapi manehna jadi
ngahuleng, geuning sepedah teh euweuh pambocengan. Tapi kulantaran
haroream leumpang, manehna ngomong ka wan Abud : "Geuning euweuh
pamboncengan, dihareup we atuh nya Wan, dina palang"
"Enya sok buru-buru, Ana keur rusuh ieu teh!"
Nya jle weh si Awewe teh nyalikan palang, nyagigir kumaha we lamun
istri dibonceng, geleyer weh sepedah teh diboseh deui. Tapi kakara ge
meunang 50 meter, si Awewe teh ngoceak ngajerit jeung nganjleng bari
bibirigidan. Sanggeus sadar, sepedah Wan Abud teh, sepedah "awewe"na,
nu teu aya palangan, jiga sapedah lalaki. Duka "palang" naon tadi nu
dicalikan ku si Eneng teh ......
Baktos,
WALUYA
--- In [email protected], dirman surya <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Supados teu nundutan,urang teraskeun sakedik deui kapameng......
> Dina hiji waktu aya bewara,bakal aya pertandingan adu
pakarang ,anu hadir harita India,Pakistan sareng ti Arab .
> Eta mah ku panjang panjangna gagaduhan urang India, Juri sina
mariksa tungtung calana panjang manehna,atuh ger panonton
emprak..rame pisan.
> Giliran urang Pakistan ,mimitina teu aya anu emprak,lantaran ngan
mukakeun kameja di luhureun puserna wungkul,barang kanyahoan
pakarangna di puterkeun kana cangkengna atuh anu lalajo ger surak eak-
eakan
> Giliran panungtung urang Arab, katingali ku juri pakarang muter
dina beuheung di buka jubahna diputerkeun ngurilingan awakna,sakabeh
panongton olohok,bengong ,nya jawarana.......Urang Arab.
He.....he......he.....
> Hapunten sakali deui ,omat ulah aya anu kasinggung komo
katoel,atuh tetebiheun kacolok mah,........Ha.....ha........ha....
> Hatur lumajeng landong baeud.......
>
> ti murangkalih baheula nun,
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/