Nu kaalaman salila gaul jeung urang Arab di dieu ... Resep pisan kana daging, dina saminggu pasti meuli daging ti warung PPI, boh daging sapi atawa daging embe. Sakulawarga rata-rata 2 kilo, acan sosis, ati jeung jeroan hayam. Keur kuring mah resep we nu aya .. he .. he ...
Mun diondang kana acara urang Arab, siap-siap beuteung kosong kacida, ampir sagala masakanna pakiat jeung daging, salila aya keneh kudu terus nepi ka beak ... ngan dua kali datang, teu kuat ku terus2an dahareun kaluar... heu heu heu Punten ... teu pakait jeung dongeng bah Willy ... salam, budhi kurono kopo 241 ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Monday, March 06, 2006 10:38 AM Subject: [Urang Sunda] Re: Arab, Ceuk Batur Kuring Hehehehe ....aya-aya wae, Bah Dirman mah. Kuring oge teu ngartos kunaon cap "panjang jeung badag" teh sok "diteumbleuhkeun" wae ka urang Arab. Padahal mah panginten acan tangtos (atawa leres kitu? ...hehehehe). Ieu aya dongeng nu geus kadangu ku kuring ti keur budak keneh, kieu cenah : Wan Abud keur naek sapedah, dijalan papanggih jeung awewe sisi jalan. Si Awewe teh nyegat bari nyarita : " Wan ..., Wan Abud, rek kamana?, bonceng kuring, haroream leumpang yeuh, rek ka pasar". Sreg, wan Abud teh ngerem sepedahna, terus eureun: " Rek ka Pasar oge. Hayu, rek ngilu mah" Dirigdig eta awewe teh, nyampeurkeun Wan Abud, tapi manehna jadi ngahuleng, geuning sepedah teh euweuh pambocengan. Tapi kulantaran haroream leumpang, manehna ngomong ka wan Abud : "Geuning euweuh pamboncengan, dihareup we atuh nya Wan, dina palang" "Enya sok buru-buru, Ana keur rusuh ieu teh!" Nya jle weh si Awewe teh nyalikan palang, nyagigir kumaha we lamun istri dibonceng, geleyer weh sepedah teh diboseh deui. Tapi kakara ge meunang 50 meter, si Awewe teh ngoceak ngajerit jeung nganjleng bari bibirigidan. Sanggeus sadar, sepedah Wan Abud teh, sepedah "awewe"na, nu teu aya palangan, jiga sapedah lalaki. Duka "palang" naon tadi nu dicalikan ku si Eneng teh ...... Baktos, WALUYA [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

