Bener kang kumi. Tapi anggeur wae kuringmah NYERI HATE mun aya artikel atawa tulisan nu ngagogoreng bangsa arab, najan meureun etateh bener. Lain nanaon pan Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W urang arab. Sayidina Ali r.a urang arab. Siti Fatimah Azzahra urang Arab. Umar Bin Khatab, Abu bakar siddiq, Utsman Bin Afan, Siti khadijah (nu sadayanateh dipikahormat ku kuring), jrrd. Islam sumber ka sakuliah alam dunya hakikatna kehendak Allah tapi syariatna disebarkeun ku urang arab.
Rek ngajawab? Ih, Embung. Hoream debat. Masih trauma keneh. Keun wae nyeri hate ieu diteurey ku sim kuring sorangan. kumincir wrote: >Sigana mah, bisa bae ieu obrolan teh ngamalir jadi "ngahapus kaidentikan >Islam jeung Arab". Yen ajaran Islam nu sampurna teh diturunkeunana di arab, >ieu hiji kanyataan, jeung tangtu aya sabab musababna pangna pangeran milih >eta tempat/bangsa. Tapi, aya anggapan nu salah di sabagian urang, boh nu >muslim atawa nu henteu, boh di Indonesia atawa saalam dunya, yen Islam teh >identik jeung Arab. Jadi we, misalna, ceuk karikaturis Denmark mah Muhammad >teh kieu, kieu, kieu, kieu... dipapantes jeung >watek/kabiasaan/stereotip/isu2 anu keur haneut ngeunaan urang Arab. > >Aduh, punten ah... Mangga dilajeng... > >Permios... > >jk > >On 3/3/06, Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > >>Bade dicandak kamana diskusi ieu teh? Asa ti kamari Bah Willy teh >>bulak2 balik mosting nu ngagogoreng urang Arab. Aya untungna pikeun >>urang nyarioskeun kagorengan urang Arab? >> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

