Urang Arab di jaman kolonial tingkulampreng di kampung-kampung, sami jeung urang Cina, ngan Cina mah langkung seueur. perkawis Arab mindring ieu tiasa ditingali dina bukuna Pa Ayip Rosyidi, "Ngalanglang Kasusatraan Sunda'. Salah sahiji novel nu disorot ku Pa Ayip, nyaeta novelna Yuhana, " Carita Munggiri". Dina novel ieu digambarkeun Tuan Golan Gofir, nu bogoh ka urang Sunda, terus pura-pura bisa cianjuran sagala, padahal letahna letah arab. Hiji Novel nu ngandung karya sastra anu munel, biasana "motret" kaayaan jaman nu saluyu jeung setting carita dina novel.
Perkawis "analis" kuring perkawis heureuy ka urang Arab, memang sanes ilmiah, da kuring mah sanes "tukang ilmiah". Jeung kuring henteu neangan "pembenaran". Tapi ieu mah realitas anu aya, nu "hirup" di urang sunda. Heureuy teh hese nyarekna, dicarek didieu, pecenghul diditu. Teu meunang diomongkeun, bisa diharewoskeun. Percomah, mending ayeuna mah buka-bukaan, tong disumput-salindungkeun. Sugan we jeung sugan, ku heureuy, urang jadi ngartos kana sifat bangsa urang sorangan pon kitu sifat bangsa sejen nu dijieun "obyek" heureuy. Hiji citra (imej) tiasa wae kawangun ku kalakuan kunu saeutik. Apan urang oge nu agamana Islam oge loba katempuhan, ngilu kababawa goreng, gara-gara kalakuan jalma saeutik, nu resep kekerasan. Ngaleungitkeun citra /imej/cap teh sesah, komo deui lamun stereotip ieu, manggihan bukti (sacara individu) nu ngabenerkeun stereotip ieu. Lalakon TKW anu katalangsara nambahan sterotip ieu, kitu deui kalakuan urang Arab nu ngadon kawin kontrak di urang. Memang, perkara ieu lain salah-salah teuing urang Arab, tapi oge sistem di urang. Nu ngamasalahkeun katalangsarana TKW atawa masalah "kawin kontrak" memang aya, nu demo oge aya (saeutik). Tapi pan masalah TKW tepi ka ayeuna oge tetep ramijud. Teu beres-beresna perkara ieu, akhirna muncul sikep apatis alias sikep TEU WALAKAYA ti balarea. Lamun geus kieu, nu nonghol heureuy. Kawin kontrak di urang, langkung kadorong ku kabutuhan ekonomi. Ieu oge mere sikep TEU WALAKAYA ka urang Sunda, umumna urang sunda sacara ekonomi oge loba nu ripuh. Heureuy jelema katalangsara masih bisa katarima, tinimbang nu kawasa/beunghar ngajejeleh anu miskin jeung lemah. Heureuy nu sanes di luar ka urang Arab, tingali we postingan kang Ganjar Kurnia, nu nyaritakeun pulisi. Kunaon pulisi didamel obyek "heureuy"? Sabab dina kanyataanana, pulisi teh sok sangeunahna, gaduh kakawasaan, nepi nu boga urusan jeung pulisi, ngarasa TEU WALAKYA keur ngalawan kakawasaan pulisi. Keur ngalawanana, "heureuy" deui wae! Perkawis urang Arab kasigeung, naha leres kitu? nu jadi pamaen dina sinetron Bajay Bajuri, si Said, teh katurunan Arab. Sababaraha kali manehna disebut " Si Arab, Si Onta" dina sinetron eta. Komo kawin kontrak mah, ceuk urang sunda salah teh, da ceuk manehna mah bener. buktina manehna malah wani ngadu ka pulisi, pedah cenah nu dikawin kontrakna teh teu parawan. Jeung sakanyaho kuring, nu dijieun obyek "heureuy" teh lain urang Arab wae, tapi oge Cina atawa India. Malah ayeuna mah lain "heureuy" deui, demo, mamawa poster...tulisanana dina psoter nyarekan, nyigeung kaditu-kadieu. Teu aya masalah. Komo deui ieu mah ngan ukur .........heureuy. Perkawis Sitti Rahmah mah sanes kuring nu mostingna. Mangga we taroskeun ka anjeunna, referensi timana anjeunna dugi ka mendak kacindekan eta. Baktos, WALUYA --- In [email protected], yudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur nuhun pedaranna nu panjang Bah. Sanaos kitu, hapunten kana kabodoan sim abdi nu teu tiasa newak inti tina eta pedaran nu tiasa dijantenkeun dasar pikeun abdi nyatujuan 'heureuy' urang Arab. > > Nu utami, uteuk abdi teu tiasa nampi kumaha hiji etnik (200 juta) tiasa diheureuykeun kagorenganna ku lantaran kalakuan sawatara jalmi (boa2 ngan puluhan / rebuan). Komo deui upami eta kalakuan teh baheula tur dikondisikeun ku kolonial. > > Saterasna, uteuk abdi oge teu tiasa nampi kumaha kaayaan goreng nu diakibatkeun kalakuan dua pihak (bangsa) tiasa dijantenkeun alesan pikeun nyaritakeun kagorengan salahsawios bangsa. Tina postingan baraya sadaya dina leresna ge sebatan siti rohmah* teh awon tapi eta oge tiasa janten timbul kulantaran kalakuan sabagian ti TKW. Atuh perkawis kawin kontrak, naha tiasa kitu urang Arab sangeunahna mun teu aya nu ngoconan? Moal enya deuk kawin sosorangannan? > > Dina konteks di luhur oge, sebatan 'teu walakaya' teh asa bombastis pisan. Sadaya pada terang yen urang mah tiasa ngritik pamarentah dina ngurus TKW (bandingkeun sareng di Saudi Arabia nu saur spv abdi mun nyarioskeun awon keluarga Saud (raja) hartosna perlaya). Mun bade serius anclub di widang eta atuh tiasa ngiring sareng LSM-LSM advokasi TKI atanapi ngiringan ngabebenah aturan hukumna. Seueur pisan cara nu ku tiasa disorang tibatan ngaheureuykeun batur nu bisa jadi malah salah katarimakeun ku urang Arabna. > > Dumasar hal-hal di luhur, asana teh pedaran Abah di handap henteu ngajentrekeun dasar nu kiat (justified reason) pikeun ngomongkeun urang Arab. Tapi nu di handap mah ekol (excuse) pikeun ngabenerkeun kalakuan eta. > > Naha abdi rewel siga kieu teh pedah Arab deukeut jeung Islam? Sanaos tiasa janten ieu leres, mangga we buka postingan abdi samemehna nguenaan khutbah ahir nabi. Anjeunna wae nolak ngaleuwihkeun urang Arab ti salian urang Arab. Keur naon abdi bebeakkan mela mun geus dicaram ku panutan urang? > > Langkung ti eta, sapertos nu diserat dina posting abdi samemeh ieu, tapi dasar nu paling kita mah ku lantaran abdi yakin kalakuan napelkeun kagorengan (stigmatisasi) ka batur ku cara nyakompetadaunkeun (stereotyping) manusa ku dasar etnik teh kalakuan teu bener, saha wae bangsana naon bae rasna. > > Kulantaran yakin teu bener, asana teh atuh ulah pipilueun urang mah. Komo deui urang geus ngarasakeun peurihna distigmatisasi tur disakompetdaunkeun siga kitu. > > Baktos, > Yudi > * abdi tos naros ka rerencangan Arab. Anjeunna susumpahan "masya Allah Siti Rahmah teh sebutan nu alus pisan. Lain sebutan prostitusi eta mah." Siti teh sebutan hade/bangsawan (my Lady) rahmah teh nyadak berkah > Tapi ke sugan pendak deui jeung Arab nu lian, suang taroskeun deui. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

