Heuheuheuheu...asyyyiik.. uing disebat bageur euy... hatur tengkyuw... keun wae ateuh kang, kuring mah reseplah.. muhun resep nongton teras mulungan elmuna... da dilemburmah sagala mangga anu teu kenging teh ngintunkeun gambar nu teu uni, sareng ngucapkeun basa anu teu uni..naon cenah teu uni teh.. muhun teu Uni Sovyet, teu Uni Eropa.. komo nyi Uni mah.. teu..teu pisan pisan abdimah.. heuheuheu... tos ah, keur beukah irung ieu teh... mangga ah tipayun.. bade menikmati masa bubujangan anu kantun 7 dinten deui yeuh.. ;p Salam baktos ka sadayana
-----Original Message----- From: Yudi Irmawan [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, March 08, 2006 4:55 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Padungdeng di milis ieu [tadina Heureuy (tadina:Arab ceuk batur kuring)] Kataji ku bageurna Kang Cecep dina kalimah: "...bari na oge da di lemburmah moal aya anu belikan, jalembar manah sadayana oge..". Janten emut yen budaya urang mah mayunkeun sabilulungan sareng gogonjakan. Dina nyerat/ngengklokkan di milis ieu teu aya emutan bade ngajaheutkeun manah anggota no sanes komo deui bade nyapirakeun kamampuan tur pamadegan nu sanes. Padungdeng nu 'heuras' teh estuning heuras dina pamadegan wungkul, sanes bade ngaheurasan jalmina. Dina emutan abdi, padungdeng teh siga dua jalmi ngaboseh kareta uncal dina rel tea: hiji neken hiji ngajungjung, pami dua2na neken atanapi salah saurang neken bakal ngablaukarkeun moal maju2-na eta kareta. Atanapi ngadayung parahu mun sapalih tangtos ngening (basa Kuningan-na muter hehehe). Sanaos kitu, abdi teh kalebet enggal di milis ieu. Tangtos dina milis ieu oge aya ugeran sareng papagon nu disaluyukeun sareng tujuan ieu milis nu kedah dimumule ku anggotana. Ku kituna, bilih seratan2 abdi atanapi basa abdi teh henteu sapirig saigelan sareng ugeran/papagon/tujuan ieu, nuhunkeun dihapunten. Tapi supados kapayunna henteu deja vu, atuh kedah dibriefing heula abdina siga kumaha kedahna... Pomi ulah dianggap pundung ieu teh, mung supados jelas tur merenah kanggo sadayana.. Baktos Yudi [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

