Sepuluh-> gangsal langkung gangsal Sewelas-> gangsal langkung gangsal langkung setunggal Rolas-> gangsal langkung gangsal langkung kalih
-----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, March 14, 2006 3:15 PM To: [email protected] Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Kanggo vs Kangge (Ngocoblak basa) Tah... resep kieu mah loa nu milu ngaguar perkara kajembaran basa... "Minggon tina mingguan", enya nya... Kapan pakuwon teh tina pakuwuan (kantor kuwu/lurah), pagupon teh tina pagupuan (kandang japati). Ari demplon? Ah, demplon mah tangtuna oge... demplon we...! "Ari Senen, Salasa, ... naon lemesna?", ceuk kang Emod. Jadi inget kana itungan urang wetan: siji -> setunggal loro -> kalih telu -> tigo papat -> sekawan limo-> gangsal enem-> gangsal langkung setunggal pitu-> gangsal langkung kalih wolu-> gangsal langkung tigo jeung saterusna... Ana kitu mah, Senen -> Minggon langkung sadinten Salasa -> Minggon langkung dua dinten Rebo -> Minggon langkung tilu dinten jeung saterusna... Ha ha... tangtuna oge ieu mah ngacapruk... Mun enya mah rek dilemeskeun, "Tiis ceuli herang mata teh" jadi "Tiis cepil herang soca". Tapi, duka tah, naha ari paribasa kaci dilemeskeun (atawa dilomakeun)? Aya deui anu maksa ngalemeskeun kecap teh: T: Naon basa lemesna heuay? J: Patebih waos...! Asa leuwih lemes tibatan angob, nya...?! "sanes kanten" naon nya hartina? Mun teu salah mah ieu teh hartina "loba tapi sa-ordo (ceuk urang biologi mah)". Contona: sanes kanten katuangan, sanes kanten raksukan. Jadi, da enyana, teu bisa dihartikeun "loba" (ieu mah bisa nuduhkeun hiji "species": loba duit, loba jelem) atawa "rupa-rupa" (aya ku rupa-rupa eta kaulinan barudak ayeuna, rupa rupa atuh dagangan pasar mah). Tapi, ke ke ke heula... conto rupa-rupa nu bieu disebut teh pan sa-"ordo" keneh, nyaeta "ordo kaulinan" jeung "ordo dagangan pasar"... Jadi? Sok ah geura padungdengkeun deui, rek ka kampus heula yeuh... Lain, ari Ki Hasan ka mana nya? San...!? Saaann...!? Jaleuleueueu.... AJ Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tah...kuring rek ngiluan ngacapruk................! Ceuk pamanggih kuring mah Minggon lain lemesna tina Minggu, Minggon teh asalna tina mingguan. Conto : Kuring miang ka Jakarta saminggon sakali. Lain hartina tiap poe Minggu, bisa Senen, Salasa atawa Rebo. Lamun Minggon lemesna tina Minggu, ari Senen, Salasa, Rebo, Kemis, Juma'ah jeung Saptu naon ? Aya deui di Bandung, bakat ku hayang lemes Paribasa dilemeskeun..! " Tiis ceuli herang mata" dilemeskeun jadi "Tiis ceuli / cepil herang panon" Kumaha tah bener teu sim kuring...? Hiji deui rek tumanya ari hartina "sanes kanten" naon....? = rupa-rupa, loba....lain ! cag ah...bis rieuurrrr Emod Morales Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Ceuk rarasaan kuring mah anu kaasup basa dusun teh nyaeta:'kanggo' jadi 'kangge', sarta 'minggu' jadi 'minggon'... Ari 'pribadi' jeung 'pribados' teh naha bener saharti jeung sarua larapananan? Naha kecap 'pribados' dina kalimah basa lemes kieu: "Pribados atas nami kulawargi Mang Engkos...", bisa diganti ku 'pribadi' dina basa ngoko (mun tea mah 'pribados' lain basa dusun)? Ceuk kuring mah kecap 'pribadi' panceg dina conto kalimah kieu: "Kuring pribadi teu panuju kana pamadegan sarupa kitu...". Tuh geuning 'pribadi' jeung 'pribados' teh teu saharti... BTW, 'satuju' atawa 'panuju' seeehhh... Ah, diganti we kalimahna jadi kieu: "Kuring pribadi teu sapagodos jeung pamadegan sarupa kitu..." ('satuju' jadi 'sapagodos', 'kana' jadi 'jeung'... Tapi tangtu 'satuju' atawa 'panuju' teh teu saharti jeung 'sapagodos'... 'Sapagodos' mah resistansi-na leuwih hampang...) Tapi (oge) asana mah 'pribados' teh kaasup basa dusun (jeung salah larapan)... Kalimah di luhur asa leuwih ngeunah lamun siga kieu: "Sim kuring atas nami kulawargi Mang Engkos...". Jadi kecap 'pribados' teh teu diperlukeun dina Basa Sunda... (Lakadalah... wawanianan kieu si AJ...! Tapi da kitu kuduna, basa dusun teh teu diperlukeun...) 'Sim kuring' ceuk kuring mah kaasup basa lemes, bisa ngaganti kecap 'abdi' pikeun nu ngarasa beurat ngagunakeun kecap 'abdi' (sabab kecap 'abdi' ngahandapkeun teuing dirina, popoyongkodan teuing pikeun dirina, sanajan teu kabeh US sapagodos jeung sikep kaya kieu), tapi aya oge nu mucunghulkeun kecap 'sim abdi' (anu ceuk kuring mah basa dusun) pikeun ngaganti 'sim kuring'. Di sagigireun eta, aya nu ngaganti 'sim kuring' jadi 'si kuring' anu karasana henteu lemes atawa ngoko, siger tengah meureun, pas bujal (punten ah... da sering ningal di jalan ayeuna mah geuning) he he... 'Abdi', taya lian hartina iwal ti 'abid' (Arab, nyanyahoanan yeuh) 'budak' (Indonesia), 'hamba sahaya' (Indonesia). Kukituna, teu aneh lamun 'abdi' dina Basa Sunda teh papadananana 'saya' dina Bahasa Indonesia, anu asalna tina 'sahaya', 'budak' (Indonesia) tea... Nya pantes bae lamun Iwan Fals tara ngagunakeun kecap 'saya', tapi 'aku'... Tapi, kapan 'aku' mah asalna ti wetan... Tapi keun bae ah, da Iwan Fals oge lain Bandung pituin... (naha jadi ka dieu na nyaritana...!!??) 'Taya lian' teh asalna tina kalimah 'teu aya lian' anu sok dilemeskeun jadi 'teu aya sanes'... Tah tah tah... Kuring panuju lamun 'lian' teh lemesna 'sanes'. 'teu aya sanes' jadi 'teu aya lian' mah netelakeun yen, dina lebah dieu mah, basa ngoko teh eleh ku basa lemes, teu bisa ngokokeun 'teu aya'... Supaya teu kaciri teuing elehna, nya (dina basa ngoko) 'teu aya' teh jadi 'taya'... Licik nya...!! Punten ah ngocoblak... AJ mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: aya kecap2 basa sunda, nu siga basa lemes, tapi mun diilikan, cenah eta teu lain basa lemes siga dina UUB. sanaojan sami we tujuanana mah, enggoning ngalemeskeun basa. kang Adang S, pangarang sastra sunda -ayeuna pupuhu Caraka Sundanologi -nu pangsiunan tangtara siliwangi, kantos nerangkeun dina kongress awal2 KUSnet, taun 2001an, cenah nu kitu teh basa dusun. hartina, enya dilelemes tapi teu dina basa sunda baku. nya rada barayana basa sunda nu pikeun budak leutik, basa ogo atawa ngogo. angge acukna, neng...biasa dilarapkeun ka balita kelas A. balita kelas B mah, bawah lima puluh tahun. tuang, dahar, neda, pikeun budak jadi emam. duka tah nu jadi os dihandap kieu lebet ka bsd (basa sunda dusun) atawa henteu. sanajan =sanaos kaharti=kahartos karasa=karaos pribadi=pribados tongo= tongos...eh salah nu ieu mah. robah hurup: kanggo= kangge minggu= minggon robah=robih mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Yahoo! Mail Bring photos to life! New PhotoMail makes sharing a breeze. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Apakah Anda Yahoo!? Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- Yahoo! Mail Use Photomail to share photos without annoying attachments. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

