oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nitenan "setunggal" jeung
"kalih", jadi inget basa keur ngagonjak urang
wetan. Cenah, pasukan tangtara Mataram lamun baris lain "satu-dua",
"satu-dua" (nuturkeun tiap dua lengkah ka hareup), basa na teh, tapi:
"setunggal-kalih", "setunggal-kalih" (bari ngelengkah salengkah-salengkah
rada nyanggeyeng ka gigir).
manAR
On 3/14/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tah... resep kieu mah loa nu milu ngaguar perkara kajembaran basa...
>
> siji -> setunggal
> loro -> kalih
>
> Lain, ari Ki Hasan ka mana nya? San...!? Saaann...!? Jaleuleueueu....
>
> AJ
>
>
>
>
> Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tah...kuring rek
> ngiluan ngacapruk................!
> Ceuk pamanggih kuring mah Minggon lain lemesna tina Minggu, Minggon teh
> asalna tina mingguan.
> Conto : Kuring miang ka Jakarta saminggon sakali. Lain hartina tiap poe
> Minggu, bisa Senen, Salasa atawa Rebo.
> Lamun Minggon lemesna tina Minggu, ari Senen, Salasa, Rebo, Kemis,
> Juma'ah jeung Saptu naon ?
>
> Aya deui di Bandung, bakat ku hayang lemes Paribasa dilemeskeun..!
> " Tiis ceuli herang mata" dilemeskeun jadi "Tiis ceuli / cepil herang
> panon"
>
> Kumaha tah bener teu sim kuring...?
>
> Hiji deui rek tumanya ari hartina "sanes kanten" naon....?
> = rupa-rupa, loba....lain !
>
> cag ah...bis rieuurrrr
>
> Emod Morales
>
> Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
> Ceuk rarasaan kuring mah anu kaasup basa dusun teh nyaeta:'kanggo' jadi
> 'kangge', sarta 'minggu' jadi 'minggon'...
>
> Ari 'pribadi' jeung 'pribados' teh naha bener saharti jeung sarua
> larapananan? Naha kecap 'pribados' dina kalimah basa lemes kieu: "Pribados
> atas nami kulawargi Mang Engkos...", bisa diganti ku 'pribadi' dina basa
> ngoko (mun tea mah 'pribados' lain basa dusun)? Ceuk kuring mah kecap
> 'pribadi' panceg dina conto kalimah kieu: "Kuring pribadi teu panuju kana
> pamadegan sarupa kitu...". Tuh geuning 'pribadi' jeung 'pribados' teh teu
> saharti... BTW, 'satuju' atawa 'panuju' seeehhh... Ah, diganti we kalimahna
> jadi kieu: "Kuring pribadi teu sapagodos jeung pamadegan sarupa
> kitu..." ('satuju' jadi 'sapagodos', 'kana' jadi 'jeung'... Tapi
> tangtu 'satuju' atawa 'panuju' teh teu saharti jeung
> 'sapagodos'... 'Sapagodos' mah resistansi-na leuwih hampang...)
>
> Tapi (oge) asana mah 'pribados' teh kaasup basa dusun
> (jeung salah larapan)... Kalimah di luhur asa leuwih ngeunah lamun
> siga kieu: "Sim kuring atas nami kulawargi Mang Engkos...". Jadi
> kecap 'pribados' teh teu diperlukeun dina Basa Sunda...
> (Lakadalah... wawanianan kieu si AJ...! Tapi da kitu kuduna, basa dusun
> teh teu diperlukeun...)
>
> 'Sim kuring' ceuk kuring mah kaasup basa lemes, bisa
> ngaganti kecap 'abdi' pikeun nu ngarasa beurat ngagunakeun kecap
> 'abdi' (sabab kecap 'abdi' ngahandapkeun teuing dirina,
> popoyongkodan teuing pikeun dirina, sanajan teu kabeh US sapagodos jeung
> sikep kaya kieu), tapi aya oge nu mucunghulkeun kecap 'sim abdi'
> (anu ceuk kuring mah basa dusun) pikeun ngaganti 'sim kuring'.
> Di sagigireun eta, aya nu ngaganti 'sim kuring' jadi 'si kuring'
> anu karasana henteu lemes atawa ngoko, siger tengah meureun, pas bujal
> (punten ah... da sering ningal di jalan ayeuna mah geuning) he he...
>
> 'Abdi', taya lian hartina iwal ti 'abid' (Arab,
> nyanyahoanan yeuh) 'budak' (Indonesia), 'hamba sahaya' (Indonesia).
> Kukituna, teu aneh lamun 'abdi' dina Basa Sunda teh papadananana
> 'saya' dina Bahasa Indonesia, anu asalna tina 'sahaya',
> 'budak' (Indonesia) tea... Nya pantes bae lamun Iwan Fals
> tara ngagunakeun kecap 'saya', tapi 'aku'... Tapi, kapan 'aku' mah asalna
> ti wetan... Tapi keun bae ah, da Iwan Fals oge lain Bandung pituin...
> (naha jadi ka dieu na nyaritana...!!??)
>
> 'Taya lian' teh asalna tina kalimah 'teu aya lian' anu
> sok dilemeskeun jadi 'teu aya sanes'... Tah tah tah... Kuring
> panuju lamun 'lian' teh lemesna 'sanes'. 'teu aya sanes' jadi 'teu
> aya lian' mah netelakeun yen, dina lebah dieu mah, basa ngoko teh eleh ku
> basa lemes, teu bisa ngokokeun 'teu aya'... Supaya teu kaciri teuing
> elehna, nya (dina basa ngoko) 'teu aya' teh jadi 'taya'... Licik nya...!!
>
> Punten ah ngocoblak...
>
> AJ
>
>
>
> mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> aya kecap2 basa sunda, nu siga basa lemes, tapi mun diilikan, cenah eta
> teu lain basa lemes siga dina UUB. sanaojan sami we tujuanana mah,
> enggoning ngalemeskeun basa.
>
> kang Adang S, pangarang sastra sunda -ayeuna pupuhu Caraka Sundanologi
> -nu
> pangsiunan tangtara siliwangi, kantos nerangkeun dina kongress awal2
> KUSnet, taun 2001an, cenah nu kitu teh basa dusun. hartina, enya
> dilelemes
> tapi teu dina basa sunda baku. nya rada barayana basa sunda nu pikeun
> budak leutik, basa ogo atawa ngogo.
>
> angge acukna, neng...biasa dilarapkeun ka balita kelas A.
> balita kelas B mah, bawah lima puluh tahun.
> tuang, dahar, neda, pikeun budak jadi emam.
>
> duka tah nu jadi os dihandap kieu lebet ka bsd (basa sunda dusun) atawa
> henteu.
>
> sanajan =sanaos
> kaharti=kahartos
> karasa=karaos
> pribadi=pribados
> tongo= tongos...eh salah nu ieu mah.
>
> robah hurup:
> kanggo= kangge
> minggu= minggon
> robah=robih
>
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
---
asa langkung halus 'kangge' upami diucapkeun mah. tapi pan sanes milarian
mana nu panghalusna nya? ... btw (hehe, maksadna mah By The Way Anyway Busway,
punten pisan, ieu mah Basa abdi nu rada mendarah daging), ieu spesial
kanggo/kangge Teh Mia sareng perempuan Sunda nu sanes(attachment).nya upami nu
pameget bade maos ge wios ...
=),
dini harmita
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail.
[Non-text portions of this message have been removed]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/