Hehe...

Mang, kuring rek konsultasi yeuh... ieu mah salaku jalma nu kakara/keur
siap2 diajar ngatik budak, mun engke geus boga... (oge ka para sepuh &
senior sanesna, dihaturan piwejangna...)

Kumaha cara Emang ngatik budak, dina hal pertelepisian? Maksud teh, naha
para putra teh dibere kabebasan pikeun lalajo tipi, atawa mun lalajo tipi
teh salawasna bari dibarengan & diaping ku kolot, atawa sama sakali teu
meunang lalajo tipi? Jeung, ceuk Emang pribadi ieu mah, naon pentingna
lalajo tipi teh?

Baheula di dieu aya panalungtik ti WEHI (Walters & Eliza Hall Ins.),
Ustrali. Ceuk babaturan kuring nu dalit (wanoh jeung kahirupan rumah tangga
eta panalungtik) jeung manehna, si eta mah cenah di imahna teh teu boga
tipi. Enya, ka dieunakeun boga tipi, tapi diteundeunna teh di kamar manehna.
Nu lalajo teh ukur manehna & pamajikanana, barudakna mah henteu.

Aya deui promotorna dunungan kuring, saurang profesor imunologi di Leiden,
kitu deuih. Di imahna teh teu boga tipi...

Hanjakal, tilu conto "anti-tv" teh ayana di luar, lain conto di lingkungan
urang sorangan. rek mapandekeun teh asa teu pedo... Nu karasa ku sorangan
mah, da geuning kitu, na tipi teh mani saeutik pisan alaeunana. Ari nyetel
ge, kuring mah leuwih milih liputan  ngeunaan sasatoan atawa, mun pas
wancina, berita. Sakapeung mah ketang osok ieu ge, lalajo pilem, One Piece
misalna. Da di urang mah geuning nya, mani asa kumaha ka nu ngaranna hiburan
teh... Eta we, sababaraha kali ngalaman usum World Cup, urang Indonesia mah
jiga nu panghebohna bae, cacakan teu miluan...

jk

On 3/14/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Alasan Madonna adalah,/ "TV is trash" /dan  /"TV is
> horrifying/" selain juga," /TV is poison"/.


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke