Jadi inget, kang kumi. Basa balik ka imah, sekitar sabulan katukang, kuring perhatikeun budak kuring nu umurna 2.5th jadi resep cubak-cabok. Kadang-kadang teu gugur teu angin ujug-ujug Kaplok wae nyabok bibina, atawa mamahna. Basa kuring tanyakeun ka mamahna cenah budakteh resepeun nongton film TOM & JERRY.
Tah, nyaho aya kajadian kitu kuring ngabejaan indung budak sangkan budak teh ulah dibere nongton film kartun semacam tom and jerry. Alhamdulillah basa kuring balik deui dua minggu berikutnya geus aya perkembangan. Budak teh tara cubak-cabok deui. Ceuk mamahna ayeunamah jarang nongton film eta deui. Mun nongton oge dipapatahan sangkan ulah nurutan polahna tom and jery. kumincir wrote: >Hehe... > >Mang, kuring rek konsultasi yeuh... ieu mah salaku jalma nu kakara/keur >siap2 diajar ngatik budak, mun engke geus boga... (oge ka para sepuh & >senior sanesna, dihaturan piwejangna...) > >Kumaha cara Emang ngatik budak, dina hal pertelepisian? Maksud teh, naha >para putra teh dibere kabebasan pikeun lalajo tipi, atawa mun lalajo tipi >teh salawasna bari dibarengan & diaping ku kolot, atawa sama sakali teu >meunang lalajo tipi? Jeung, ceuk Emang pribadi ieu mah, naon pentingna >lalajo tipi teh? > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

