Haturan Kang Emod, Waktu si kuring keur gawe di kantor menLH, patengahan taun 90-an kungsi aya padungdengan perkara kumaha carana ngurangan kajadian bancangpakewuh kahuruan (bencana kebakaran). Nya tiduna mah rek nyieun sistem mitigasi bencana kebakaran tea. Harita, disebut-sebut hiji ahli kebakaran ti itb. Anjeunna thesis doktorna (duka S2-na) ngeunaan bab seuneu jeung kahuruan. Moal kitu ahli anu disebut-sebut di luhur teh kang Emod Morales ieu? haturan Kang.
Upamana nyalahan, lain Kang Emod anu dimaksud teh, nya teu nanaon, teu rek mondokkeun ieu jejer. Malah, si kuring meredih ka Kang Emod sangkan geura teruskeun ieu jejer bab seuneu jeung kahuruan teh tina siga ilmiah anu geus dimimitian dina pedaran mimiti ieu jejer. Peta kitu teh taya lian ku kacida pentingna pangaweruh bab seuneu jeung kahuruan. Mitigasi bancang pakewuh kahuruan hiji hal anu kacida pentingna, dumasar kana kaayaan budaya bangsa urang dina nyanghareupan seuneu jeung pola padumukan masyarakat urang anu sakitu padedetna. Sugan wae, tina ieu jejer kapanggih sababaraha hal anu bisa ngurangan bancangpakewuh kahuruan jeung cara-cara nyinglarna. Wilujeng Kang Emod, mangga teraskeun pedaran bab seuneu jeung kahuruanana. baktos, manAR On 3/20/06, emod_morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > KAHURUAN > > Kahirupan manusa gumantung pisan kana seuneu. Tapi dina tempat jeung > jumlah anu teu dipikaharep, seneu jadi ngabahayakeun. Tah ieu nu > disebut KAHURUAN. > > Seuneu gampang ngajadi ( hurung) jeung bisa gancang mencar ( > ngalentab) kamana-mana. Jeung nyababkeun karugian anu gede lain bae > pakaya tapi nyawa manusa. Kusabab eta, bijaksana pisan lamun urang > sakabeh nyegah KAHURUAN saencan kajadian. > > Kumaha seneu bisa hurung ? > > Unsur Kimia Seneu > > Seneu merlukeun tilu elemen supaya hurung > > 1.Heat/Panas: Panas diperlukeun jang naekeun suhu material nepi ka > titik hurung > > 2.Fuel/Bahan Bakar: Bahan bakar bisa mangrupa teuas, cair atawa > gas. Type jeung jumlah bahan bakar bisa nentukeun metode naon anu > digunakeun keur mareuman kahuruan. > > 1.Oxygen/Oksigen: Seneu bisa hurung dina atmosphere anu ngandung > paling saeutik 20% oksigen. Tanpa oksigen, lolobana bahan bakar bisa > dipanaskeun nepi ka titik pengapian, tapi moal kaduruk / hurung.. > > Segitilu Seuneu > > Gabungan tina tilu elemen eta disebut "Segitilu Seuneu", nu > ngabalukarkeun reaksi kimia AXOTHERMIC nu disebut SEUNEU. > > Lamun salah sahiji tina tilu elemen eta leungit / euweuh atawa > dicokot, seneu moal kajadian ( hurung ) atawa pareum. Tetekon > mareuman seuneu nyaeta ngaleugitkeun salah sahiji atawa leuwih tina > eta elemen seuneu. > > > Bagbagan Seuneu dina KAHURUAN > > Seuneu dikategorikeun jadi sababaraha kelas gumantung tina bahan > bakar (banda) anu kadurukna. > > 1.Seuneu kelas A Kahuruan bahan padet saperti : kertas, karet, kai, > kaen dan palastik. > > 2.Seuneu kelas B Kahuruan bahan bakar cair saperti : Bensin, minyak > tanah. Seuneu ngan saukur hurung diluhur bahan ieu, sabab oksigen > teu bisa asup kajero cairan. > > 3.Seuneu kelas C Kahuruan dina paralatan listrik anu masih aya > setruman, saperti : perkabelan, motor listrik (Lamun aliran > listriknya dipareuman, jadi seuneu kelas A). > > 4.Seuneu kelas D Kahuruan logam, saperti : magnesium, titanium atau > sodium. > > Bagbagan ieu diperlukeun pisan dina mareuman seuneu jang nentukeun > metoda jeung bahan pamareumna. > > > Alat Pamareum Seuneu > > Alat pamareum seneu nu umum digunakeun nyaeta: > > 1. Alat Pemadam Api Ringan (APAR). / Naonya Sundana..? > > 2. Interior wet standpipes/hidran. / Naonya Sundana..? > > Alat Pemadam Api Ringan (APAR) efektif pisan jang mareuman kahuruan > leutik. Imah atawa kantor dianjurkeun sahenteuna boga dua APAR. > > Tah..sakitu heula sim kuring ngacapruk > > Cag..Ah > Emod Morales > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

