Baraya, Aya sababaraha harti kecap "pun" teh. 1. hampura Jiga dina pangrajah juru pantun, "Pun sapun ka Sang Rumuhun". Hartina menta pangampura ka para karuhun.
2. kecap gaganti nu bogana Jiga dina prasa "pun adi", "pun biang". Lebah dieu "pun" hartina "nu kuring". "Pun Adi", hartina "Adi kuring", "pun biang" maksudna "indung kuring. Upama dina basa urang kulon mah sarua jeung "my", "my brother", "my mother". Aya pasangan "pun" teh, nyaeta "tuang". Hartina "nu anjeung". Jiga "tuang rai", hartina lain "ngadahar adi sorangan", tapi "adi anjeun" atawa sok dihartikeun oge "pamajikan anjeun". "Tuang rama", maksudna "baba anjeun". Mun ceuk urang kulon mah, sarua jeung "your", "your brother", "your mother'. Asana ti heula geus didongengkeun ka Si Adi perkara ieu teh. Ngan si etana we bedegong, hayoh ngarang sorangan. Hehehe. MH > Haturan kang Adi........ > > "Pun" adi, pun hartosna nyaritakeun jalma > kasahandapeun....Pun lanceuk kasaluhureun. > Griyonipun, pun didieu hartosna anu kuring , janten > sapagodos sareng kang AJ, Pun = anu kuring. > Punten, pun hartosna teu kahaja. Pundung, punah, > punel, puntang-panting....pun dina kecap ieu mah > duka.....? > > ipeut > > Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ********************************************************* > Haturan Kang AJ!! > > hehhehehe.... lieur nya??? kantenan kuring oge... > (harrrr!!! :D) > > Kang A Je ....... dupi "pun" di dieu sapangemutna > kuring mah (salian dina kecap samodel "pun bapa", > "pun biang", "pun lanceuk" .... "pun.. teeeeen" :P) > panginten kanggo babasan dina serat. > Janten langkung payus upami dihartoskeun sapertos > "si" (kasarna tina "pun", janten "si" adi = "pun" > adi). > Manawi aya nu langkung uninga dina perkawis pedaran > kecap "pun" ieu, sumangga kapangersana dihaturan > ngadadarkeun. > > Lajenggg..... dupi alatana kuring nganggo sandi-asma > "pituin"... bubuhan nami lengkep kuring mah henteu > sapertos ilaharna US (sapertos ASEP, UJANG, DADANG, > jste) .... janten minangka ngawanohkeun kanu tacanna > uninga ... yen Rudy Setiawan teh US, nya sim kuring > mendakan kecap basa sunda dina hartos "urang > asli/panduduk wewengkon/warga satempat" ... nyaeta > "pituin". > > Dupi kecap "adi" mah eta mah nenehna kuring di > lembur, kasatukangna mah pedah kapungkur nuju pun > nini jumeneng, kuring teh saenyana incu pangbontotna > .... jadi we sok di sauran "adi" (minangka adi > pikeun anak-incu pun nini). > > manawi katampi, > > -pun adi- > *Kang ... punten, tumaros! upami di lemah cai tabuh > 8 enjing, di ditu tabuh sabaraha?? (sarieus ieu mah > Kang? :D) > ********************************************************* > > On 4/15/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Alhamdulillah sehat, Kang Pituin... > > Sanes, kuring teh aya rasa kagok ku ID "pun.adi" > teh... Kapan kecap "pun adi" mah tara kungsi jadi > jatidiri nu nyarios atanapi nu gaduh jejer, sami > pisan sareng "pun lanceuk", "pun bojo", "pun biang", > "pun bibi", jste... sabab "pun" teh bias dihartikeun > "anu kuring" dina urusan babarayaan. Cobi emutan > kalimah sapertos kieu: "Kuring teh pun adi"... pan > aneh nya...? He he... > > Punten bae nya Kang, ieu mah ngan saukur ngedalkeun > kahemeng... Dalah kitu, ari ngan saukur jadi ID mah > teu sawios-wios.... sugan... (nambut elmu kang Dudi, > he he...) > > Saestuna "pituin" sareng "pun adi" teh karasa pisan > Sundana teh... Aya sajarahna eta teh, Kang, pangna > dianggo ku akang? > > AJ ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

