Henteu kang baheula keur budak sok nuang galendo teh...lamun nini ngadamel minyak letik duka tah ayeuna mah ateul moalnya he he.....
Hidup galendo's he he...
@ERN
@ERN
On 4/27/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Galendo teh nu didamelna tina hampas kalapa tea sanes...??!!Pami leres...,enya kantenan we aya mah Kang Eko, apanan cisantenna diolah janten VCO, teras hampas kalapana mah panginten didamel janten galendo. Di wewengkon Kuningan naon nya namina teh, raraosan mah sanes galendo....
Teu keremieun (=karaos atel dina anus lantaran cacing kremi) kitu nuang galendo....??!!
Baktos,
OTA
"Eko Ruska Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]04/27/2006 08:03 AM
Please respond to
[email protected]
To[email protected] cc SubjectRe: [Urang Sunda] Nawarkeun / Icalan VCO (Virgin Coconut Oil)
Punten kang ono dupi VCO ieu aya galendoan henteunya....ari kapungkur mah nu jenat nini upami ngadamel minyak letik teh sok aya galendoan ?
Raos galendo teh he...di rendos campur sareng cengek teras digalokeun sareng sangu haneut he he...siga tutug oncom....
@ERN
On 4/27/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
VCO atanapi Virgin Coconut Oil teh sami sareng minyak kletik (=minyak lentik), naging VCO mah tos teu ngagaduhan asam lemak-asam lemak rantai panjang jenuh nu ngabahayakeun pikeun kasehatan. Sepuh urang kapungkur tos biasa ngadamel minyak kletik ieu. Malihan mah di sababaraha wewengkon, tos janten home industri. Mung hanjakal kumargi kualitas na masih kirang sae, diantawisna ngeunaan kandungan eta asam lemak diluhur, minyak kletik rega na masih mirah tur pasarna masih sakedik. Tah, ku ayana perkembangan teknologi proses, asam lemak-asam lemak nu ngabahayakeun pikeun kasehatan eta tiasa dipisahkeun tina minyak kletik janten we minyak kletik teh ngagaduhan nilai tambah. Namina oge janten robah nyaetan VCO tea.
Kanggo Kang Runa oge Kang Nanang, pami skala produksi VCO na tos ageung sareng kontinyus mah, saena eta VCO diekspor ka luar nagreg. Rega na lumayan Kang, heuheuheu mudah-mudahan we tiasa enggal kapeser BMW....Di nagara deungeun nu 'ngartos' ngeunaan kasehatan mah, pasar VCO lumayan prospektif.
Abdi oge nuju diajar kumaha carana ngadamel proses pembuatan VCO nu efektif sareng efisien, kualitasna sae, henteu enggal 'tengik'....
Mung sesah milari dimana nu seueur kebon kalapa nya....??!!
Mangga ah ka sadayana....
Wilujeung bisnis VCO.
Baktos,
OTA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
--
Distributor Bandrek, Bajigur Hanjuang
http://daria.web.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

