|
Sakaterangmah upami
hampas kalapa diolah deui disebatna dage, galendo mah upami urang ngadamel
minyak keletik teras aya gumpalan (punten ku B. Indonesia) disebatna
galendo.
baktos,
pun emme
----- Original Message -----
Sent: Thursday, April 27, 2006 10:57
AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nawarkeun /
Icalan VCO (Virgin Coconut Oil)
Galendo teh nu
didamelna tina hampas kalapa tea sanes...??!!Pami leres...,enya kantenan we
aya mah Kang Eko, apanan cisantenna diolah janten VCO, teras hampas kalapana
mah panginten didamel janten galendo. Di wewengkon Kuningan naon nya namina
teh, raraosan mah sanes galendo.... Teu keremieun (=karaos atel dina anus lantaran cacing kremi)
kitu nuang galendo....??!!
Baktos, OTA
"Eko Ruska Nugraha"
<[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected]
04/27/2006 08:03 AM
|
|
To
| [email protected]
|
|
cc
|
|
|
Subject
| Re: [Urang Sunda] Nawarkeun /
Icalan VCO (Virgin Coconut Oil) |
|
Punten kang ono dupi VCO ieu aya galendoan henteunya....ari kapungkur
mah nu jenat nini upami ngadamel minyak letik teh sok aya galendoan ?
Raos galendo teh he...di rendos campur sareng cengek teras
digalokeun sareng sangu haneut he he...siga tutug oncom.... @ERN
On 4/27/06, [EMAIL PROTECTED]
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
VCO atanapi Virgin
Coconut Oil teh sami sareng minyak kletik (=minyak lentik), naging VCO mah tos
teu ngagaduhan asam lemak-asam lemak rantai panjang jenuh nu ngabahayakeun
pikeun kasehatan. Sepuh urang kapungkur tos biasa ngadamel minyak kletik ieu.
Malihan mah di sababaraha wewengkon, tos janten home industri. Mung hanjakal
kumargi kualitas na masih kirang sae, diantawisna ngeunaan kandungan eta asam
lemak diluhur, minyak kletik rega na masih mirah tur pasarna masih sakedik.
Tah, ku ayana perkembangan teknologi proses, asam lemak-asam lemak nu
ngabahayakeun pikeun kasehatan eta tiasa dipisahkeun tina minyak kletik janten
we minyak kletik teh ngagaduhan nilai tambah. Namina oge janten robah nyaetan
VCO tea.
Kanggo Kang Runa oge Kang Nanang, pami skala produksi VCO na tos
ageung sareng kontinyus mah, saena eta VCO diekspor ka luar nagreg. Rega na
lumayan Kang, heuheuheu mudah-mudahan we tiasa enggal kapeser BMW....Di nagara
deungeun nu 'ngartos' ngeunaan kasehatan mah, pasar VCO lumayan prospektif.
Abdi oge nuju diajar kumaha carana ngadamel proses pembuatan VCO nu
efektif sareng efisien, kualitasna sae, henteu enggal 'tengik'.... Mung sesah
milari dimana nu seueur kebon kalapa nya....??!!
Mangga ah ka
sadayana.... Wilujeung bisnis VCO.
Baktos,
OTA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|