Muhun panginten kitu kang prosesna ngadamel galendo teh....he he....abdi mah terang nuangna wungkul. eta kang dicigembor-ciamis asana mah aya pabrik galendo.
 
@ERN

 
On 4/27/06, soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang...
di lembur kuringmah:
galendo teh hasil sanes tina proses ngadamel lisah
kalapa.(cipati anu dipanaskeun teh ngahasilkeun lisah
kalapa + galendo)
cipati -> lisah + galendo

hampas mah kalapa parud anu tos diala cipatina.
kalapa parud -> cipati + hampas

salajengna hampas kalapa teh tiasa dijanten keun "sop
gurame" atanapi surundeng/sagon
hampas kalapa -> surundeng/sagon + "sop gurame"

dina lebah "sop gurame"
prosesna rada lami kang (6 sasihan), muhun urang kedah
leukun maraban anak gurame ku hampas kalapa tah pami tos
kinten kinten 6 sasih nembe eta sakadang gurame tiasa
diala kuurang teras salajengna mangga teu langkung:

bade di sop, di goreng, dipanggang, dileupaskeun deui oge
tiasa ari karunyaan mah. he...he...he...
asal ulah dibaledog keun ka kuring.

cag!
sonirosa


--
Distributor Bandrek, Bajigur Hanjuang
http://daria.web.id


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke