Ngobrol ngaler ngidul perkara kopdar di Subang, asana
teh teu aya anu  nyarioskeun teh Netty Martin, anu
janten shohibul baet. Saha Ari teh Nety Martin teh?
Ngan ukur nepi ka nembe mulang ti amrik, tapi teu aya
anu ngajelaskeun deui, kumaha-kumaha na teh Netty
Martin teh.  Teras ayeuna aya dimana deuih, si Teteh
anu ngaku tos "nini-nini" teh. Padahal  ceuk kuring
mah da masih ABG atuh.
Baraya KUSnet anu mondok ti Saptu meureun tiasa
ngadongeng perkara teh Netty. Aya hal pikeun
picontoeun  urang sadaya dina diri teh Netty. Kamari
waktos kopdar panicia jeung jinisna can ngadongeng
leuwih eces.
Asana teh mani "ningnang" sababaraha postingan
ngadongeng perkara foto, "muka-muka baru", novel,
kadaharan,getih gaib, tapi teu aya nu nyabit-nyabit
"visi jeung misi" panglawungan jeung Teh Netty Martin.
Para "kokolot" oge sapertos Bah Willy, Ua Sasmita,
Kang Tito, Kang Dien teu aya komentar naon-naon.

Ari anu semet nepi ka ceuli kuring mah, cenah acara
ieu teh dirarancang ti taun kamari ku Teh Netty, tapi
karek kalaksanakeun ayeuna. Aya "tugas mulia" anu
diemban ku teh Netty, nyaeta bade mantuan waragad
operasi hiji budak awewe umur 8 taun anu kolotna
walurat, sangkan bisa boga anus (salila ieu lamun
miceun teh tina beuteungna). Cenah mah ieu teh tos
disaluyuan ku Kang Martin.
Teras Teh Netty (sakola disain interior di amrik)teh
kaasup  hiji istri anu "langka", boga anak
(Michael)umur 3 taun, "jenius". Umur 6 bulan huntuna
tos lengkep, geus  bisa mapah. Umur 3 taun geus bisa
maen komputer sorangan, bisa ngahirupkeun  jeung ulin
sorangan dijero  mobil. Padahal di Amrik lamun
kanyahoan ku pihak berwajib budak leutik maen di
mobil, budakna di cokot ku nagara, kolotna
dijebloskeun ka penjara.
Lamun dibere duit ku ninina, eta duit teh dibagi-bagi
ka sakabeh babaturanana,nepi ka ledis.(tah ieu mah
sigana nurun ti indungna, berehan, siga kamari babagi
door prize, babagi lipenstip).

baktos,

mrachmatrawyani



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke