Assalamu'alaikum wr wb.
Eta si teteh meni keukeuh kana
dongeng kang Nata, sanes alim ngadongeng teteh, asa teu terang timana ngawitan
nana, janten kulantaran teu aya
dina emutan dongeng na, asa sesah bade nulis teh
naon anu kedah di tulis, hehehehe.
Tah....upami di taros mah Insya
Allah anu kang Nata terang mah tiasa di serat di dieu:
akang damel di perusahaan plastik ( Injection
moulding ) ngadamelan rupi2 barang ageung sareng alit tina bahan plastik,
sapertos piring plastik, tutup botol , dst.
upami masalah aku katerang kang Nata di nagara
kanguru mah rupina ku minim na anu korupsi sareng sistim sogok, bakat ku sakedik
sareng jarang na anu kararitu
tiasa di sebat teu aya weh, janten peraturan
pemerintah anu teu tiasa di gentosan ku artos ieu aya efec ka unggal jalmi
kanggo teu ngalakonan curang, janten upami
aya jalmi anu korupsi teh osok kapendak wae da teu
aya batur anu mantuan nutupan kalakuan nana,atuh ku seu-eur na penduduk oge ieu
teh salah sawios sebab kana korupsi oge, contona kieu, di australia penduduk na
ayeuna teh mung kirang langkung 20 juta, eta teh seluruh benua australia ,
janten satiap jalmi tos terdaftar dina komputer, istilah na mah unggal jalmi teh
tiasa di lacak dina widang , keberadaan, kegiatan, rekor kahirupan nana, da ku
sakedik tea, janten daek teu daek unggal jalmi kedah patuh kana aturan
pamarentah, salah sawios na anu kang tiasa mastikeun mah, tisa widang
penghasilan anu memadai, nyaeta sanaon kang Nata mung janten kuli biasa (
sapertos pegawai di pabrik di lembur ) namung penghasilan cekap, hartosna teu
aya istilah tanggung bulan margi penghasilan sareng pengeluaran teh saimbang da
aya peraturan gajih minim ti pamarentah tea, buktosna weh kang Nata tiasa
liburan unggal 2 thn ka lembur anu sakedik na $ 10.000.00 seep salami 5 minggon
di indo teh, tah ayeuna upami ku urang di bandingkeun sareng pekerja pabrik di
indo, asa mustahil tiasa dugi ka luar nagri, hapunten sarebu hapunten ka padamel
pabrik di lembur , sanes kang Nata ngarendahkeun pagawe pabrik di indo, da
wargi2 kang Nata oge seu-eur anu di pabrik, namung ieu mah da kanyataan, atuh
sakali deui hapunten bilih kang Nata lepat, nu mawi jarang nyerat di milis teh
bakat ku sieun aya anu lepat tanggap kata2 kang Nata.
Wangsul deui kana perkawis di
luhur, rupina ku jujur ti luhur na eta janten weh anu di handap oge teu
sagawayah tiasa curang da buntu jalan na, contona
upami kang Nata ngalakukeun kasalahan di jalan,
polisi teh teu tiasa di pasihan artos sanajan sabaraha oge, janten buntu ka
urang na ge kanggo curang teh, atuh perkawis gajih oge langsung di potong ti
perusahaan, janten teu walakayah, sareng jalmi anu ngalereskeun gajih pegawai
oge teu tiasa di sogok, peraturan gajih na oge benten, contona upami kang Nata
gajih Rp 1.000.000 misalna pajak na 30%, tah upami gajihna Rp 2.000.000, pajak
na 40%, namung upami gajih na di bawah
Rp 500.000, ieu bebas pajak, sareng kanggo anu
teu gaduh penghasilan pisan ( nganggur ) aya tunjangan ti pamarentah kinten2 Rp
400.000, janten upami di kalkulasikeun anu di luhur eta teu menonjol teuing
antawis anu beunghar sareng anu miskin teh, kantun kumaha urang na ngokolakeun
eta panghasilan teh.
Alakadalahhhhhhh..........gening
kang Nata tiasa nya nyerat panjang lebar sanaos pabaliut
oge....hihihihi...punten ah ka sadayana hususna ka teh ipeut, bilih
rada
bingung maos na hehehhe, maklum lah.
Cag heula ahhh,,,paur kamalinaan
teuing
Wassalam
Nata
|
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,..... pajeg kang Nat... S M Natapradja
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,..... pajeg kan... indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,..... pajeg... surtiwa surtiwa
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,..... p... durahman
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,...... Nila Erma Agustini
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,...... S M Natapradja
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempa... durahman
- Re: [Urang Sunda] Naroskeun t... indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Naroske... Tatang Sariman
- Re: [Urang Sunda] Naroske... indung peuting
- Re: [Urang Sunda] Naroske... S M Natapradja