Jadi inget berita na TV sababaraha poe katukang. Ari di jawa barat mah
pan pada-pada embung wewengkonna  dijadikeun tempat pamiceunan runtah
(meski ahirna aya oge nu daek) ari di Semarangmah sabalikna. MASYARAKAT
SEKITAR TPA TEU NARIMA MUN TPA-na DIPINDAHKEUN. Ceuk maranehna ku ayana
paruntahan marenehna teh meunang duit tambahan. Duit eta tina ladang;

1. Ngumpulkeun barang rongsokan nu bisa dijual (plastik, karet sendal
jepit, aluminium, beusi, gendul, kardus, tambaga, jrrd)
2. Nu boga ingon-ongon (sapi, embe...) teu kudu cape neangan jukut.
Umbarkeun wae ingon-ingonan di paruntahan suruh neangan hakaneun
sorangan didinya.

Tah...kitu berita di TV-teh.

oman abdurahman wrote:

> Upama aya karancagean sadayana, satemena rumus mayar runtah teh tiasa
> dirarancang siga kieu:

> BL  = W - cR.
> BL  = Bayar listrik (Rupiah)
> W   = daya listrik kapake sakumaha anu kacatet dina meteran (watt)
> R    = biaya mayar runtah sabanding volume runtah ti hiji imah jero
> sabulan (Rp)
> c    = rasio kamapuh misahkeun runtah organik tina runtah anorganik di
> eta imah
>          c = 1 angka maksimum : lamun eta imah teu mampuh/bisaeun
> misahkeun runtah
>          organik  vs  anorganik        
>          tambah mampuh hiji imah misahkeun runtah organik tina runtah
> an organik, angka
>          satukangeun koma dina c beuki ngaleutikan

> Kumaha sangkan ieu rumus kaudag? kudu aya gawe bareng antara dinas
> kebersihan (pd kebersihan) jeung PLN. Kumaha sangkan gawe bareng teh
> kahontal? nya pimpinan pamarentah kota atawa daerah anu kudu ngahucuhkeun.

> Kumaha usaha pikeun rumah tangga bisa ngahontal c anu leutik kacida?
> atawa sangkan runtah organik geus misah tina runtah an organik ti
> mimiti di tiap imah keneh? Nya di dieu perluna pancen pamarentah jeung
> satiap komponen masyarakat (lsm2 jst) pikeun ngayakaeun pendidikan
> lingkungan.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke