Kapayuneun:
Pangeresana Kang AJkusnet miwah baraya sadayana.

Mudah-mudah baraya sadayana aya dina panangtayungan
Alloh SWT. Amin

Abdi, Porenges (saur Punbiang:-))seja nyuhunkeun
dihapunten utamina anu aya sangkut paut sareng serat
"postingan" kaping 31 Mei 2006,  bilih (aos: seueur)
dina serat "postingan" abdi upami teu lepat waleran
sifatna, bobolokot kecap-kecap garihal sareng kirang
(aos: teu pisan) merenah. Kasieun abdi ngabalukarkeun
raheut manah ka baraya sadayana utamina pangeresa Mama
Kuncen sareng kang Ajkusnet kuanjeun. 

Sami bagjana panginten keur abdi upami serat
"postingan" atanapi waleran "postingan" abdi  dianggap
bibit werejit langsung dialungkeun ka tempat runtah.
Pon kitu deui upami ngan jadi lauk buruk milu mijah,
abdi oge iklas kenging  hukuman(didelete)tina milis.
Nyanggakeun beuheung teukteukeun suku genteng
belokeun! Mung nyuhunkeun wejangan (warning) heula
supados abdi tiasa nyaliksik diri ngomean
lampah...hehe(teu ngeunah akhirna...Porenges
nurustunjung!)

baktos,

P(tiasa peuyeum, porenges mangga, kasep na mah
porenjis):-)




--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ari KUSNET teh geus ti anggalna keneh maksudna teh
> jadi babakan urang  Sunda atawa urang mana bae anu
> kapincut ku budaya Sunda. Maksudna mah  tangtuna oge
> pikeun ngamumule budaya Sunda jeung Kasundaan
> lianna. Teu  aneh teu sing lamun syarat mutlakna teh
> kudu make Basa Sunda (kajaba  lamun anu
> di-posting-keun teh artikel Kasundaan). Lain hartina
>  nganomerduakeun Bahasa Nasional, tapi pan tujuanana
> lain. Dalah kitu,  kapan "budaya nasional itu
> merupakan puncak-puncak Budaya Daerah". Tah,  di
> milis ieu teh dina raraga eta, nanjeurkeun Budaya
> Sunda dina raraga  najeurkeun Budaya Nasional
> (haduhhh... jiga nu heueuh aing  nyarita yeuh...)
>  
>   Boh kasauran Mang Ajip Rosidi, atawa ceuk aturan
> Kusnet (tingali di  handap keur ngelingan deui
> urang), atanapi kasauran Apih Sidik (haturan
> Apih...), pek bae nulis ku Basa Sunda dialek mana
> bae oge, malah  "dialek" komunitas anu kakara
> lelengkah halu diajar Basa Sunda oge  meunang. Keun
> bae rek salah oge da tangtuna oge nu maracana bakal
> surti, moal aya nu ngahina, malah mah ngarasa
> kayungyung jeung bungah  ku tekadna nu gede hayang
> bisa nyarita Sunda, tur mantuan ngabebener  sangkan
> aya undakna nyarita Sunda teh. Tapi lamun keukeuh
> teu bisa  (saestuna mah "can bisa", lain "teu
> bisa"), nya statusna can bisa jadi  "anggota penuh",
> tapi jadi "pengamat" saheulaanan, siga status
> Palestina di PBB, can boga sora. Sok bae rek miluan
> maca mah teu aya  halangan, bari ngumpulkeun kawani
> nyarita Sunda. Engke lamun geus boga  kawani mosting
> make Basa Sunda, pek mimitian posting ku Basa Sunda,
>  harita oge statusna resmi jadi "anggota penuh"
> (ayeuna mah nyarita teh  siga Koffi
>  Annan pisan... Heuheuy deuh...)
>  
>   Sok ah... (Lain euy, kataji pisan kuring mah ku
> postingan Kang  Porenges... Ciciren lega pisan
> ambahan jeung pangartina... Bebas lah  jeung aing
> mah, Kang...! )
>  
>   AJ
>  
>       Aturan Milis   Komunitas Urang Sunda di
> Internet [KUSNet]      1.       Para  wargi nu nembe
> gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa nepangkeun
> heula, make  cara Urang Sunda. Saha, kawit timana,
> ayeuna di mana, damel naon, jeung  sajabana. Perluna
> ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung
> dulur, sobat,  jeung saterusna. nepangkeun kedah
> jentre. supados teu disasaha.
>       2.       E-mail  ka milis Komunitas Urangsunda
> di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda.
> hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku
> basa SUnda. Teu kudu make  undak-usuk basa, cukup ku
> basa merenah jeung loma.
>       3.       Kaci  basa nasional atanapi Inggris
> [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda
> sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi]
> ngintun heureuy/jokes, seratan  hikmah atawa
> pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris.
>       4.       Ieu  milis perkawis Sunda jeung
> Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung ngamumule
> Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.
>       5.       Teu  kaci nulis nu
> jorok/porno/jorang.
>       6.       Teu  kaci ngagogoreng
> seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah
> komo]. Dina  ayana tulisan ngeunaan eta, jang
> diajar/peinteungeun.
>       7.       Teu  kaci ngogogoreng agama jeung
> kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas
> Urang Sunda [Islam].
>       8.       Hak  Penerbitan posting ka milis
> KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat
> KUSnet.
>       
>       K U N C E N
>    
>  
>  
>  
>
> Peuyeum <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       
>   Upami urang saregep nitenan, anu ngaku jeung
>   ngabageakeun  ka kang Acep parantos seueur pisan.
> Ceuk
>   kuring, eta teh nunjukeun hiji tanda lobana nu
> ngaraeh
>   atawa ngaku...nakon, ngaku dulur, hayang wanoh, ka
>   kang Acep! Ceuk kuring deui oge yeuh...someahna
>   (ramahna) dulur-dulur di dieu ciciren gedena
>   perhatosan atawa parasaan jeung kabijaksanaan ka
> kang
>   Acep oge ka kang Toto, puguh deui ka kuring mah!
> (naha
>   kadieu lumpatnanya? hehe...mimiti ngaco!)
>   (diteukteuk)
>
>            
> ---------------------------------
> New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones
> from your PC and save big.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke