MAUNG.....

dina raga urang ge aya pasipatan sato, maung oge aya...
cicingna di leuweung...
sabab geus ngarajaan/dikawasakeun leuweung teh jadi patalukan manehna.
sagalak2na maung...tapi amun di jero leuweung mah cicingeun,lindeuk....
ngan ukur di leuweung manehna bisa ngarasa betah,geunah....
lamun kaluar ti leuweung, ka imah-imah, atawa ka dayeuh...bakal kasebut
eta teh maung ngamuukkkk...

mun dirarapkeun ka diri urang...lamun leuweung dina raga urang geus
bersih,caang bakal pikageunaheun....komo lamun MAUNG na "diparaban"
oge. moal ngamuk kaditu kadieu...

jadi ngarah maungna teu ngamuk, ulah dipaehan eta maung...
maung,sato2 sejen marupakeun ayat2 Allah keneh...ari ayat Allah teh kedah
jadi pituduh...lain anu 'ngajentul' dina kitab Qur'an wungkul nu tiasa jadi pituduh...

maung mah kudu di bere "leuweung" ameh teu meureukeudeuweung...
lamun aya di dayeuh...kudu nyiapkeun "kandang"...
kitu oge maung anu "dibabawa" ku urang...
maung "moal" bisa dieuweuhkeun komo ukur disieuhkeun mah...
eta saukur tabeat wungkul...

malah mandar maung jadi pituduh keur urang...
yen urang kudu jadi MAUNG...
MANUSA LUHUNG....
laIn luhung ku pangakuan elmu urang bisa anu bisa kieu...
ari LUHUNG teh....jalma anu deket ka Allah....jalma anu saringkak saparipolah
ngan eling sajeroning eling ka anu SajatiNA....ka Gusti Allah...
tah eta LUHUNG...NGELUH(NGADUH,ngarumaoskeun) ka NU MAHA AGUNG.

sok urang SUNDA sing jaradi MAUNG...!!!

ngalengkah sanajan laun, tapi anteb...ulah mangmang komo dinu kabeneran mah...
malah mandar aya tapak kuku maungna...dimana jeung kamana lengkah urang ayana teh...

panon maung teh seukeut....sok urang sing sareukeut ningali anu bener jeung anu salahna...

awak anu koneng ka emasan jeung garis2 hideung....
atuh cahaya koneng teh nu saha?....
ari silokana mah...."nyumput buni dinu caang"

ari maung teh katapeulan sihung dua...
ari dua teh...."antara urang jeung kuring"..."antara kuring jeung sim kuring"
"antara sim kuring jeung jisim kuring" na.....
atuh sing napeul oge eta SIHUNG teh di urang...
KAKASIH NU MAHA AGUNG....
ari tos kakasihNA mah...do'a dikobul, kahoyong teu weleh dijajap dianter...moal wasa nolak..
ari nu nami kakasihNA mah...kamana jug na, naon nu kacabak nu ka rampa...dimana wae...
moal weleh jadi "barang" hade...

bade ka saha atuh memperjalma na ayeuna ka salah sahiji pamingpin urang...?

raraosan abdi mah...mung kantos pernahna di baginda SAW...
di mekkah janten sae....ka madinah janten marajeung....
janten nanjeur eta dua dayeuh teh...


tah tidinya mah...lamun aya urang2 anu jiga jiga MAUNG na...
eta anu baris tiasa mingpin...boh mingpin  nagara nu di luar raga
oge nagara nu naraga...



hatur salam,
Jaka bandung.







Siddik Wiradireja wrote:
Euleuh..tegep tah jangjawokan teh..
mugi sing nyangsang dina jiwa, sing nyangreud dina ati sanubari, kum ka urang Sunda sadaya, khususna wargi ieu milis...
 
ssw


Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED]
hung… ahung
aing kapahung
ukur babaung
kaduhung
ukur jadi maung
ahung hung…
uyut linggabuana… hampura!
kuring ngan wasa sakieu. ngaran uyut ukur diaku. pajar aing gaganti prabu wangi. geuning teu sakeclak-keclak acan ninggang kana awak kuring. wawanén uyut, kagagahan uyut. uyut jati kuring junti.
uyut… mangsa musuh ngajorag nagara. ti kulonna ti wetanna. kuring ukur (cénah) salin jinis mindah rupa, ganti ngawujud maung. nu cénah kongas gagah perkasa. gedé sima pangabaranna. kakoncara si raja leuweung. tapi geuning teu daya, teu mangga pulia, teu upaya. kuring ngan ukur bisa ngagerem tanpa sora. kuring ngan ukur bisa nyanggéréng tanpa wujud.
uyut… sakali deui, buyut ménta hampura. teu bisa nurutan uyut. teu bisa nurutan éyang citraresmi. nu réla lali rabi, réla nemahan pati waktu harga diri disosoék, dirarajét. uyut sabalad sunda, réla maseuhan lemah bubat ku beureumna geutih. leuwih hadé gobang rompang. leuwih hadé kujang gorowong ditojos keris, leuwih hadé patrem newek jajantung. tinimbang martabat sunda disosoak.
duh… uyut… bener cék pinandita. kaduhung datang pandeuri. kaduhung salin jinis ukur jadi maung. najan enya raja leuweung. keukeuh ukur sato. ukur bisa gagauran di leuweung tatar sunda. ukur kadenge ku kisunda. padahal lamun baheula kuring ngahiang trus ngajangélék jadi syiwa. musuh mana nu waluya?
kuring,
urut siliwangi
kari maung
ceuli rumpung, congor sumpung, cokor buntung, awak regung
tinggal irung, ngangseu ngambeu sésa wawangi
tinggal buntut, kupat kepot nunggu uga laksana
teuing iraha!
ahuuuuuungggggg……
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke