Hehehe, lain AJ ari perkara pupuh, nu dimaksud masalah
gede teh nu mana euy? Ari ente maca teu postingan Kang
DH, cenah numutkeun bukuna Mang Koko, pada kadua nu
teu tumut kana rumus pupuh teh, memang lain pupuh euy,
tapi disebutna TANDAK alias PANAMBIH. Kira - kira
gunana sarua jeung samarana meureun euy mun karedok
mah. Geura we pek ku ente dengekeun, da ceuk dedengean
uing mah, ngeunah keneh pada kadua euy tibatan pada
kahiji. Sabab pada kadua mah galindengna tembang teh
dipirig ku jentrengna kacapi deuih.
salam,
mh
--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lain pupuh bae anu jadi masalah gede teh, tapi
> ngeunaan basa oge. Naha Jurusan Bahasa Daerah UPI
> bisa diandelkeun? Terus terang mangmang kuring
> mah... Geus waktuna kudu aya "majelis ulama" Basa
> Sunda ("ulama" teh ti dituna mah pan ahli ilmu,
> lain...?) Ieu mah "otokritik", ceuk kuring mah
> Babakan Kusnet oge can pantes ngaluarkeun
> "standar/bakuan" ngeunaan Sunda/Kasundaan, sanajan
> sok aya hiji dua padungdengan niat "ngabakukeun".
> Bener, eta teh alus pisan, ngan hasilna kudu
> disaluyuan ku "majelis ulama" tea.
>
> Ilikan geura di handap padungdengan antara PR,
> UPI, jeung Penerbit buku "Pinter Basa Sunda Pikeun
> Murid SD". Ngahaja dikantetkeun jeung padungdengan
> masalah pupuh tiheula.
>
> Teuing rek kumaha Basa Sunda jeung Kasundaan teh
> ka hareupna...
>
> AJ
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/