Abdi pribados, asa panuju teu panuju kana penerjemahan istilah2 teknologi kana bahasa urang teh (boh bahasa Indonesia, boh bahasa sunda). Sanes kunanaon, mung numutkeun pribados mah, penerjemahan istilah2 teknologi teh kadang2 tiasa ngakibatkeun makna nu saleresna ical.
Conto:
Mouse dina istilah komputer. Upami kedah diterjemahkeun ka bahasa sunda, panginten jadi beurit :). Teras upami abdi ka BEC, naros ka tukang toko: "kang, beurit sabarahaan?". Kumaha mun si akang tukang toko ngawaler: "mangga weh cep, ala, seueur pisan da didieu mah, gratislah....". Beuh!!! Abot atuh ka abdi, maksad bade meser mouse kanggo komputer, der kalahkah dipiwarang ngudag2 beurit, hehehe...
Baktos,
Apri
Von: mh <[EMAIL PROTECTED]>
An: [email protected]
Gesendet: Donnerstag, den 22. Juni 2006, 14:32:26 Uhr
Betreff: Re: [Urang Sunda] Opini - Bahasa Sunda dan Teknologi
Teh Elly,
Sae pisan tah gagasan teh. Upama dileukeunan
nyundakeun istilah-istilah sains sareng teknologi,
teras didokumentasikeun, jigana tiasa janten bukunya?
Hehehe.
Cing orang nyobian nyundakeun sababaraha kecap nu
dikintun ku Teh Elly:
miskonsepsi - misleuk
elaborasi - ngaguar
Mangga kecap sejenna, teraskeun ku baraya sanesna.
Salam,
MH
--- ely djulia <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Usul yeuh kumaha pami urang ngadamel kamus b.sunda
> KUSNET, urang kempelkeun istilah-istilah spontan
> tina obrolan sadidinten luyu sareng kamajengan dunya
> masing-masing: teknologi, sastra, atikan, sains,
> kuliner, jsb.
>
> Sim kuring nuju ngempelkeun istilah-istilah tina
> dunya pendidikan sains sangkan tiasa
> disosialisasikeun dina bahasa sunda, pan tiasa
> nambihan kosa kata tur nambihan pangaweruh kanggo nu
> maca. Contona danget ieu teu acan mendak padanan
> kecap nu pas dina b. Sunda:
> minds-on
> hands-on
> miskonsepsi
> elaborasi
> metode = padika
> metode bermain peran = padika ............ .....
> sains sebagai proses, produk = ............ ...
> memori jangka panjang
> memori jangka pendek
> teori belajar = teori diajar ?
> asimilasi
> akomodasi
> ekuilibrasi
> subsumsi
> jsb
>
> nuju dikoleksi teras ...........
>
> Hatur Nuhun
> Ely
=====
Situs: http://www.urang- sunda.or. id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
____________ _________ _________ _________ _________ __
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail. yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

