Enya cenah Urang Jepang mah kitu nya? Boga babaturan awewe sabaraha urang nu sarkola ka Jepang, loba nu lalagasan keneh. Ceuk kuring teh naha lain kawin wae jeung Urang Jepang? Kalahka ngabirigidig. Omongna teh awewe keur lalaki Jepang, tukang ngawulaan salaki. Salaki rek ngantor, manehna nu ngelap sapatuna. Salaki balik peuting bari satengah mabok, sungut bau sake .... kudu sabar. Kajeun teuing lalagasan tinimbang kawin jeung lalaki urang Jepang.
Baheula, kungsi aya awewe urang jepang kawin jeung tukang Beca di Yogya. Kunaon eta awewe jepang teh milih urang dieu? sigana mah lalaki Indonesia masih mending kalakuanana tinimbang lalaki urang Jepang. Pokona mah kalakuan lalaki jepang ka awewe, sigana mah teu perlu diturutan ku lalaki urang Sunda! Baktos, WALUYA --- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ceunah ceuk buku.. > > Ibu-ibu di Jepun mah lolobana caricing di imah. > Salakina nyalse digarawe, anakna diurus, dibere kadaharan > anu bergizi, dijeujeuhkeun sakolana, dibekelan ku mental > nu hade. > Hasilna ? Generasi nu palinter tur sehat. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

