Di lingkungan akademik paguron luhur (sakaterang kuring) aya istilah staf pengajar tetap, tidak tetap, sareng luar biasa. Pengajar tetap oge dibagi-bagi deui janten anu berstatus PNS sareng non-PNS. Pengajar tidak tetap teh nyaeta anu statusnya padamelanana di hiji instansi/lembaga (swasta atawa pamarentah), tapi disuheunkeun ngajar di paguron luhur. Pengajar luar biasa, ngajarna sawaktu-waktu wae (ampir sami sareng pengajar tidak tetap). Kumargi aya status kitu, sok janten "plesetan" anu ditujukeun ka staf pengajar tetap, tapi langkung seueur aktif di luar paguron luhur tempat unit damelna, ngajar atanapi nyambi damel di luar. Tapi kumargi nyambi damel ieu teh janten menyita waktu langkung seueur batan di kampus, nya ahirna "diplesetkeun", biasa di luar sedengkeun ngajar di kampus janten luar biasa.
Ku ayana panartiban, ka para dosen anu biasa di luar teh dipasihan pilihan,kaluar janten dosen atanapi upami bade tetep milih status pns di paguron luhur, tapi tanaga sareng pikiranana seueur di luar, statusna ngajarna janten luar biasa. Paguron luhur ngan masihan gajih pokok wae. Tah engke upami padamelan di "luarna" tos rengse, bade museurkeun waktosna di paguron luhur, statusna luar biasana tiasa dicabut, janten staf pengajar tetap deui. Sapertos contona Fuad Hassan waktos janten dubes di Mesir atanapi janten Menteri, statusna janten dosen luar biasa, sagala hak sareng atribut keakademisannya teu diangge, sapertos jabatan profesor, teu kenging diangge deui dina urusan kadinasan padamelanana. Jadi dina surat menyurat teh teu kedah disebatkeun Prof.Dr, tapi cekap Dr. wae. Upami tos ka kampus deui (ngajar deui) nembe tiasa diserat Prof.Dr. tapi anu aneh sareng lucuna mah jaman Mendikbud Wardiman Djojonegoro. Pan salami janten birokrat teh teu kantos ngajar. Naha atuh sabada janten menteri UNPAD ngukuhkeun janten profesor. Dina aturan, saleresna mah profesor teh hiji panghargaan ti pamarentah ka tenaga pendidik anu tos ngabaktikeun dina widang pangajaran, atikan, kalayan teu aya cacad sareng gaduh prestasi anu pinunjul dina widang kaelmuanana. baktos, mrachmatrawyani --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > "luar biasa" teh sami sareng "di luar kabiasaan" > panginten nya, Kang Rahmat? > sanes "extraordinary"... > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

