Di lingkungan akademik paguron luhur (sakaterang
kuring) aya istilah
staf pengajar tetap, tidak tetap,
sareng luar biasa. Pengajar tetap oge
dibagi-bagi deui
janten anu berstatus PNS sareng non-PNS. Pengajar
tidak
tetap teh nyaeta anu statusnya padamelanana di
hiji instansi/lembaga
(swasta atawa pamarentah), tapi
disuheunkeun ngajar di paguron luhur.
Pengajar luar
biasa, ngajarna sawaktu-waktu wae (ampir sami
sareng
pengajar tidak tetap). Kumargi aya status kitu, sok
janten
"plesetan" anu ditujukeun ka staf pengajar
tetap, tapi langkung seueur
aktif di luar paguron
luhur tempat unit damelna, ngajar atanapi
nyambi
damel di luar. Tapi kumargi nyambi damel ieu teh
janten menyita
waktu langkung seueur batan di kampus,
nya ahirna "diplesetkeun",
biasa di luar sedengkeun
ngajar di kampus janten luar biasa.
Ku
ayana panartiban, ka para dosen anu biasa di luar
teh dipasihan
pilihan,kaluar janten dosen atanapi
upami bade tetep milih status pns di
paguron luhur,
tapi tanaga sareng pikiranana seueur di luar,
statusna
ngajarna janten luar biasa. Paguron luhur ngan
masihan gajih
pokok wae. Tah engke upami padamelan di
"luarna" tos rengse, bade
museurkeun waktosna di
paguron luhur, statusna luar biasana tiasa
dicabut,
janten staf pengajar tetap deui. Sapertos contona Fuad
Hassan
waktos janten dubes di Mesir atanapi janten
Menteri, statusna janten dosen
luar biasa, sagala hak
sareng atribut keakademisannya teu diangge,
sapertos
jabatan profesor, teu kenging diangge deui dina
urusan
kadinasan padamelanana. Jadi dina surat menyurat teh
teu kedah
disebatkeun Prof.Dr, tapi cekap Dr. wae.
Upami tos ka kampus deui (ngajar
deui) nembe tiasa
diserat Prof.Dr. tapi anu aneh sareng lucuna mah
jaman
Mendikbud Wardiman Djojonegoro. Pan salami janten
birokrat teh teu
kantos ngajar. Naha atuh sabada
janten menteri UNPAD ngukuhkeun janten
profesor. Dina
aturan, saleresna mah profesor teh hiji panghargaan
ti
pamarentah ka tenaga pendidik anu tos ngabaktikeun
dina widang
pangajaran, atikan, kalayan teu aya cacad
sareng gaduh prestasi anu
pinunjul dina
widang
kaelmuanana.
baktos,
mrachmatrawyani
---
kumincir <[EMAIL PROTECTED]com>
wrote:
> "luar biasa" teh sami sareng "di luar kabiasaan"
>
panginten nya, Kang Rahmat?
> sanes "extraordinary"...
>
>
__________________________________________________
Do
You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com