Haturanan ka kang Oman sareng Bah Waluya :),

Punten ah, bade ngiringan ngawangkong, mung panginten pamendak sim kuring mah rada benten, wios nya :D.

----- Ursprüngliche Mail ----
Von: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
An: [email protected]
CC: [email protected]; [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
Gesendet: Samstag, den 22. Juli 2006, 10:45:49 Uhr
Betreff: Re: [Urang Sunda] Early Warning System?

Haturan Bah Wily oge baraya sadaya,
 
Sami Abah, si kuring oge sapamadegan, henteu pati optimis kana program early warning system (EWS) keur tsunami + lini anu ayeuna mindeng ditabeuh. Salian ti alesan anu ku Abah didadarkeun, nyaeta soal kaamanan alat tina laku lampah vandalisme, aya alesan sejen anu pakait jeung perilaku (karakter) lini jeung tsunami.

Apri::>> Abdi sapagodos yen sabagian masyarakat urang masih keneh aya laku lampah vandalisme na. Mung ari numutkeun abdi mah, hal ieu henteu sakaligus ngajantenkeun urang teu janten meser system EWS anu awis. Tetep weh, numutkeun abdi mah perlu, margi nagara urang teh kaetang nagara anu rentan pisan terjadi bencana tsunami, anu tiasa nyandak korban nu kacida seueurna.
 --------------------------------

Ngeunaan karakter lini + tsunami teh kieu. Nepi ka danget ieu, teu acan aya ilmuwan anu bisa ngaramalkeun iraha kajadian lini atawa tsunami. Eta fakta anu kaiji. Anu kaduana, waktu antara kajadian lini nepi ka mucunghulna bencana tsunami kawilang singget, umumna antara 15 menit nepi ka 20 menit. Dina jero waktu sakitu, sistem peringatan dini (EWS) kudu ngitung/mroses data jeung nepikeun informasi ka alat-alat wawar ayana bahaya.

Apri::>> Saterang abdi, upami teu lepat, leres yen lini teh teu tiasa diprediksi. Dugi ka ayeuna, teu acan aya metode anu tiasa ngaprediksi iraha terjadi lini. Mung, upami tsunami mah tos tiasa diprediksi ku para ilmuwan. Ketika terjadi lini di laut, para ilmuwan tiasa ngaprediksi, naha lini eta bakal ngabalukarkeun tsunami atanapi henteu. Eta saterang abdi anu dietang ku EWS tea teh (ngaprediksi terjadi tsunami atanapi henteu). Mung, sapertos nu ku kang Oman disebatkeun diluhur, tina kajantenan lini sareng mucunghulna tsunami, waktosna singget pisan.
 ------------------------------

Disawang tina jihat mitigasi bencana (usaha-usaha pikeun nyinglar jeung/atawa ngurangan resiko bencana) eta waktu anu 20 menitan teh kacida samporetna. Keur mroses data wae diperlukeun waktu kl 5 menitan, keur nepikeun data ka statsion-statsion wawar gumantung anggang (jarak) antara alat jeung statsiun. Anu jelas, diperlukeun waktu memenitan nepi ka puluhan menit. Ari waktu keur masyarakat di lokasi deukeut sumber kajadian keur narima wawar jeung nyalametkeun diri kabagean keneh? Kuring mah asa pesimis kana jawaban kabagean keneh teh. Kukituna, alat-alat EWS anu hargana kacida mahalna bisa jadi loba mubadzirna, tinimbang manfaatna.

Peralatan EWS karek bisa aya manfaatna lamun sumber lini jeung tsunami teh ayana di wewengkon anu jauh ti lokasi peralatan. Sakumaha jauhna? nya kira-kira cukup waktu antara ngawawarkeun baris mucunghulna bencana nepi ka masyarakat anu jadi sasaran wawar bisa nyalametkeun diri.

Apri::>> Dina bayangan abdi, asana pamohalan upami ngolah data dugi ka puluhan menit mah (komo ku kacanggihan komputer jaman kiwari mah). Saupamina leres dugi ka puluhan menit, panginten alat EWS teh moal aya gunana. Tapi geuningan Jepang anu ngangge alat ieu (leres nya?) tiasa ngahindari korban akibat bencana. Padahal urang sadayana panginten tos maphum, yen di Jepang mah sering pisan kajadian lini, anu henteu pamohalan  lini ieu ngakibatkeun tsunami. Samporetna waktu kanggo nyalametkeun diri, sahanteuna masih keneh langkung mangpaat, tibatan teu gaduh waktu sama sekali kanggo nyalametkeun diri gara2 teu aya nu masihan terang bakal terjadi tsunami. Tinggal para ilmuwan sareng pamarentah, nyiapkeun skenario, kumaha carana dina waktos nu samporet, masyarakat tiasa nyalametkeun diri. Upami kedah ngungsi, atuh kumaha jalur ngungsina, sarana naon anu kedah diayakeun supaya ngungsina tiasa enggal2, jeung sajabana. Jadi tetep numutkeun sim kuring mah, sesa waktu anu samporet teh, masih keneh seueur pisan mangpaatna.
--------------------------------------
 
Kumaha atuh ketak urang pikeun nyinglar bencana lini + tsunami? Dina lebah dieu si kuring leuwih condong kana usaha-usaha sosialisasi bencana pikeun ngawnagun kasiap-siagaan narima bencana. Dina sosialisasi diberedelkeun cara-cara ngungsi, jalur-jalur pikeun nyinglar bahaya, jeung evakuasi. Usaha sejenna dina raraga mitigasi bencana anu leuwih mungkin mawa hasil nyaeta penataan ruang wewengkon basisir. Upamana wae, antara biwir laut nepi ka sababaraha ratus meter ka darat ulah aya pemukiman. Oge, di daerah-daerah anu kacida rawanna ku bahaya lini jueng tsunami dijieun bangunan-bangunan "peredam" ombak tsunami jeung disain bangunan tanah lini. Pikeun hal ieu, samemehna wewengkon anu mindeng keuna lini jeung tsunami kudu digambarkeun (dipetakeun). Sabagean ti hal anu bieu disebutkeun geus dilaksanakeun ku instansi pamarentah (Badan Geologi), diantarana: peta kawasan rawan bencana.

Apri::>> Leres pisan kang, kedah aya sosialisasi kumaha cara2 ngungsi. Mung upami urang teu gaduh EWS, bade kumaha ngungsi (saha nu bade masihan terang yen bakal tsunami???). Panginten langsung weh labas ombak ti laut teh neureuy masyarakat. Masyarakat nembe tiasa ngungsi, upami aya nu masihan terang bakal terjadi bencana. Upami teu aya nu masihan terang mah, nya panginten hare2 weh... Abdi sapagodos, bangunan2 peredam kedah dibangun. Mung ieu wungkul teu cekap, system EWS tetep weh dibutuhkeun. Panginten sapertos kieu, saupamina teu aya peredam mah, tsunami tiasa lebet dugi ka 15 km ka daratan. Tapi saupamina aya peredam, tsunami teh ngan tiasa lebet 1 km. Saupamina teu aya EWS, atuh masyarakat anu aya dina lebet jarak 1 km ti pantai teh, tetep weh beunang keneh ku tsunami. Kajabi upami urang tos tiasa ngawangun peredam anu tiasa ngajamin tsunami moal lebet sama sekali ka daratan (tp pan pamohalan, sabab urang mah moal tiasa ngajamin 100%).

Janten, numutkeun sim kuring mah, harga EWS anu milyaran, masih keneh teu sabaraha, tibatan urang kedah kaleungitan ratusan atanapi bahkan rebuan nyawa. Tangtosna, saupamina urang tiasa ngawangun teknologi nyalira, anu memang tos sakedahna kujalaran nagara urang teh potensial pisan kana terjadi bencana alam (gunung bitu, tsunami, jsjb), tantos bakalan langkung mantebbbbbb, sabab urang teu kedah meser alat samahal kitu. Damel weh ku urang nyalira.

Hapunten ah, bilih aya nu nyugak :).
Baktos,

apri
------------------------------------------
 
Tinimbang milyaran atawa trilyuna dana/beaya dibeakeun pikeun ngayakeun jeung masang peralatan EWS, asana jauh leuwih ngajangjikeun harepan hasil mitigasi bencana upama eta dana/beaya dipake pikeun sosialisasi jeung penataan atawa relokasi ruang wewengkon basisir atawa wewengkon anu mindeng keuna ku lini jeung tsunami. 
 

Cag heula.
baktos,
manAR
 
 

 
On 7/21/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring mah, tetep skeptis soal masang detektor Tsunami di urang.
Sabab bangsa urang mah masih gede sifat vandalismena. Detektor nu
hargana bisa ratusan juta hijina, bisa laleungitan dicokotan kunu
iseng. Sababraha sasih kapengker kungsi diwartoskeun detektor
seismograph keur nitenan gunung api di Sumatera leungit dipaling.
Salain sifat vandalismeu, oge ku teu ngarti. Can patos lami aya
wartos di NTT, aya pamayang mendakan detektor di laut, kulantaran
disangka bom,  margi bentukna jiga bom, eta "bom" teh diangkut ka
darat dicandak ka kantor pulisi. Padahal cenah eta detektor teh
dipasang ku Badan Meteorologi Internasional.

Sifat sok maling barang milik publik, nerekab pisan di urang. Ti
pot kembang di taman kota, Tanda rambu Lalu lintas tepi ka tihang
listrik tegangan tinggi, sarua teu aman sok dipaling. Malah
kuring waktu ka Madura ngareungeu beja, sulubung alumnium tihang
pancang sasak Surumadu (sasak Surabaya - Madura), laleungitan,
sakitu eta teh dijero laut. SUlubung alumnium ieu gunana keur
supaya tihang pancang teu keuna ku korosi/karat.

Peuting tadi kuring ngareungeu dina TV, anggota DPR nyarios
kalawan sumanget soal masang early warning system keur tsunami.
Tapi ceuk kuring mah danana kudu ditambah deui keur ngadidik
heula masyarakat urangna ..........."percomah" masang itu-ieu,
ari engkena ukur jadi bangkarak nu euweuh gunana .....

Baktos,
WALUYA



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke