Kang Apri sareng Kang Riksa, ceuk beja mah informasi rek ayana tsunami teh geus "kabaca" ku urang Jepang. Tah upama kitu mah "EWS"na cukup "warning" ti luar nagri we heula (keur saheulaanan). Dana nu gede mah anggur dipake menerkeun kaayaan di basisir saperti disebat ku Kang Oman sareng ngalereskeun infrastruktur saluran informasi.
Naon sababna kuring teu optimis. Tingali we alat-alat canggih nu dipasang keur kapentingan umum, ampir sadayana teu jalan leres. Waktu stopan lampu lalu lintas diatur komputer. Kumaha jadina? malah jalan jadi macet, sabab komputerna "lieureun" akibat supir di urang teu disiplin, teu ngajajar rapih, tapi pasiksak. Teknologi canggih peryogi disiplin "tinggi" kanggo ngajalankeunana. Sareng seueur deui contona sagala "system" keur kapentingan umum teu jaralanan. Kuring oge ngaku aya ketang boga publik nu jalan keneh teh, sistem Kareta Api. Tapi pan ayeuna mah teu leupas ti gangguan vandalismeu jeung deuih keur supaya KA tetep jalan, pagawe KA loba pisan, da ngajaga supaya ulah dirusak. Biaya jadi gede, akhirna perlu dana subsidi gede ti pamarentah, padahal KA bisa neangan duit sorangan. Tah EWS mah teu ngahasilkeun duit, keur ngajalankeunana danana 100% ti nagara. Upami biaya ageung, terus engkena jadi bangkarak nu teu aya gunana, padahal dana eta teh meunang nginjeum ti LN, saha nu katempuhan deui? pan rakyat Indonesia deui .... Perkawis Thailand nu masang EWS, Thailand langkung beunghar ti Indonesia, basisir Thailand teu panjang jiga di Indonesia, Indonesia oge pangdeukeutna kana sumber Lini dibandingkeun Thailand. Tapi terus terang kuring oge teu terang vandalismeu urang Thai naha saruksak masyarakat urang atawa henteu. Upami urang Thai langkung harade kalakuanana, aya hadena urang diajar ka urang Thai, kumaha sistem pendidikanana nepi ka masarakatna gaduh budi pekerti langkung sae ti urang. Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: "riksanagara" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Saturday, July 22, 2006 10:44 PM Subject: EWS <<<<<< dana BLBI (artos rahayat) anu `amblas`,...Re: [Urang Sunda] TEWS? > Kahatur Kang Oman, Bah Waluya sareng Kang Apri,... > > Punten ah,...sakedik ngiringan Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

