Kahatur Kang Oman, Bah Waluya sareng Kang Apri,...

Punten ah,...sakedik ngiringan
 
1. Abdi sapagodos pisan kana pamendakna kang Apri,....dana kanggo 
TEWS teh teu `sapira` dibandingkeun dana BLBI (artos rahayat) anu 
`amblas` diembat/digasab/dirampok ku sababaraha warga Indonesia (anu 
seuseurna `sipit`) anu disupport ku para gegeden anu gaduh kawasa.
Kedah sabaraha seueur deui rahayat alit anu kedah janten korban?

2. Cobi we upami Bumi na para gegeden (misalna Menteri; gubernur ; 
dirjen; anggota DPR jrrd) maksadna anak pamajikan nana aya di garis 
pantai laut selatan, caket sareng pangandaran,....(upami misalna 
Jakarta teh aya di pantai selatan), pasti `kumaha carana` program 
EWS teh bakal diimplementasikeun saenggal-enggalna. Janten anu 
janten masalah na mah sabaraha ageung na program TEWS berinterface 
sareng `kepentingan` para gegeden anu ngawasa di Indonesia.

3. Upami di Thailand nagara anu teu langkung beunghar ti Indonesia 
EWS anu terintegrasi sareng masyarakat tiasa di implementasikeun 
(ayeuna tos dipasang, sanes rencana)kedahna di Indonesia oge tiasa.
Mugia we di antara para gegeden ieu masih keneh aya anu dikersakeun 
ku Gusti Alloh ngagaduhan kanyaah; ridho sareng ikhlas  ngabela 
rahayat alit. 

Baktos
RN  


--- In [email protected], "M. Apri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturanan ka kang Oman sareng Bah Waluya :),
>  
>  Punten ah, bade ngiringan ngawangkong, mung panginten pamendak 
sim kuring mah rada benten, wios nya :D.
> 
> ----- Ursprüngliche Mail ----
> Von: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> An: [email protected]
> CC: [email protected]; [email protected]; 
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; 
[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
> Gesendet: Samstag, den 22. Juli 2006, 10:45:49 Uhr
> Betreff: Re: [Urang Sunda] Early Warning System?
> 
>                            
> Haturan Bah Wily oge baraya sadaya,
>   
>  Sami Abah, si kuring oge sapamadegan, henteu pati optimis kana 
program early warning system (EWS) keur tsunami + lini anu ayeuna 
mindeng ditabeuh. Salian ti alesan anu ku Abah didadarkeun, nyaeta 
soal kaamanan alat tina laku lampah vandalisme, aya alesan sejen anu 
pakait jeung perilaku (karakter) lini jeung tsunami.
>  
>  Apri::>> Abdi sapagodos yen sabagian masyarakat urang masih keneh 
aya laku lampah vandalisme na. Mung ari numutkeun abdi mah, hal ieu 
henteu sakaligus ngajantenkeun urang teu janten meser system EWS anu 
awis. Tetep weh, numutkeun abdi mah perlu, margi nagara urang teh 
kaetang nagara anu rentan pisan terjadi bencana tsunami, anu tiasa 
nyandak korban nu kacida seueurna.
>   
>   --------------------------------
>  
>  
>  Ngeunaan karakter lini + tsunami teh kieu. Nepi ka danget ieu, 
teu acan aya ilmuwan anu bisa ngaramalkeun iraha kajadian lini atawa 
tsunami. Eta fakta anu kaiji. Anu kaduana, waktu antara kajadian 
lini nepi ka mucunghulna bencana tsunami kawilang singget, umumna 
antara 15 menit nepi ka 20 menit. Dina jero waktu sakitu, sistem 
peringatan dini (EWS) kudu ngitung/mroses data jeung nepikeun 
informasi ka alat-alat wawar ayana bahaya.
>  
>  Apri::>> Saterang abdi, upami teu lepat, leres yen lini teh teu 
tiasa diprediksi. Dugi ka ayeuna, teu acan aya metode anu tiasa 
ngaprediksi iraha terjadi lini. Mung, upami tsunami mah tos tiasa 
diprediksi ku para ilmuwan. Ketika terjadi lini di laut, para 
ilmuwan tiasa ngaprediksi, naha lini eta bakal ngabalukarkeun 
tsunami atanapi henteu. Eta saterang abdi anu dietang ku EWS tea teh 
(ngaprediksi terjadi tsunami atanapi henteu). Mung, sapertos nu ku 
kang Oman disebatkeun diluhur, tina kajantenan lini sareng 
mucunghulna tsunami, waktosna singget pisan.
>    
>   ------------------------------
>  
>  
>  Disawang tina jihat mitigasi bencana (usaha-usaha pikeun nyinglar 
jeung/atawa ngurangan resiko bencana) eta waktu anu 20 menitan teh 
kacida samporetna. Keur mroses data wae diperlukeun waktu kl 5 
menitan, keur nepikeun data ka statsion-statsion wawar gumantung 
anggang (jarak) antara alat jeung statsiun. Anu jelas, diperlukeun 
waktu memenitan nepi ka puluhan menit. Ari waktu keur masyarakat di 
lokasi deukeut sumber kajadian keur narima wawar jeung nyalametkeun 
diri kabagean keneh? Kuring mah asa pesimis kana jawaban kabagean 
keneh teh. Kukituna, alat-alat EWS anu hargana kacida mahalna bisa 
jadi loba mubadzirna, tinimbang manfaatna. 
>  
>  
>  Peralatan EWS karek bisa aya manfaatna lamun sumber lini jeung 
tsunami teh ayana di wewengkon anu jauh ti lokasi peralatan. 
Sakumaha jauhna? nya kira-kira cukup waktu antara ngawawarkeun baris 
mucunghulna bencana nepi ka masyarakat anu jadi sasaran wawar bisa 
nyalametkeun diri. 
>  
>  Apri::>> Dina bayangan abdi, asana pamohalan upami ngolah data 
dugi ka puluhan menit mah (komo ku kacanggihan komputer jaman kiwari 
mah). Saupamina leres dugi ka puluhan menit, panginten alat EWS teh 
moal aya gunana. Tapi geuningan Jepang anu ngangge alat ieu (leres 
nya?) tiasa ngahindari korban akibat bencana. Padahal urang sadayana 
panginten tos maphum, yen di Jepang mah sering pisan kajadian lini, 
anu henteu pamohalan  lini ieu ngakibatkeun tsunami. Samporetna 
waktu kanggo nyalametkeun diri, sahanteuna masih keneh langkung 
mangpaat, tibatan teu gaduh waktu sama sekali kanggo nyalametkeun 
diri gara2 teu aya nu masihan terang bakal terjadi tsunami. Tinggal 
para ilmuwan sareng pamarentah, nyiapkeun skenario, kumaha carana 
dina waktos nu samporet, masyarakat tiasa nyalametkeun diri. Upami 
kedah ngungsi, atuh kumaha jalur ngungsina, sarana naon anu kedah 
diayakeun supaya ngungsina tiasa enggal2, jeung sajabana. Jadi tetep 
numutkeun sim kuring mah, sesa waktu anu samporet
>  teh, masih keneh seueur pisan mangpaatna.
>  --------------------------------------
>   
>  Kumaha atuh ketak urang pikeun nyinglar bencana lini + tsunami? 
Dina lebah dieu si kuring leuwih condong kana usaha-usaha 
sosialisasi bencana pikeun ngawnagun kasiap-siagaan narima bencana. 
Dina sosialisasi diberedelkeun cara-cara ngungsi, jalur-jalur pikeun 
nyinglar bahaya, jeung evakuasi. Usaha sejenna dina raraga mitigasi 
bencana anu leuwih mungkin mawa hasil nyaeta penataan ruang 
wewengkon basisir. Upamana wae, antara biwir laut nepi ka sababaraha 
ratus meter ka darat ulah aya pemukiman. Oge, di daerah-daerah anu 
kacida rawanna ku bahaya lini jueng tsunami dijieun bangunan-
bangunan "peredam" ombak tsunami jeung disain bangunan tanah lini. 
Pikeun hal ieu, samemehna wewengkon anu mindeng keuna lini jeung 
tsunami kudu digambarkeun (dipetakeun). Sabagean ti hal anu bieu 
disebutkeun geus dilaksanakeun ku instansi pamarentah (Badan 
Geologi), diantarana: peta kawasan rawan bencana. 
>  
>  Apri::>> Leres pisan kang, kedah aya sosialisasi kumaha cara2 
ngungsi. Mung upami urang teu gaduh EWS, bade kumaha ngungsi (saha 
nu bade masihan terang yen bakal tsunami???). Panginten langsung weh 
labas ombak ti laut teh neureuy masyarakat. Masyarakat nembe tiasa 
ngungsi, upami aya nu masihan terang bakal terjadi bencana. Upami 
teu aya nu masihan terang mah, nya panginten hare2 weh... Abdi 
sapagodos, bangunan2 peredam kedah dibangun. Mung ieu wungkul teu 
cekap, system EWS tetep weh dibutuhkeun. Panginten sapertos kieu, 
saupamina teu aya peredam mah, tsunami tiasa lebet dugi ka 15 km ka 
daratan. Tapi saupamina aya peredam, tsunami teh ngan tiasa lebet 1 
km. Saupamina teu aya EWS, atuh masyarakat anu aya dina lebet jarak 
1 km ti pantai teh, tetep weh beunang keneh ku tsunami. Kajabi upami 
urang tos tiasa ngawangun peredam anu tiasa ngajamin tsunami moal 
lebet sama sekali ka daratan (tp pan pamohalan, sabab urang mah moal 
tiasa ngajamin 100%).
>  
>  Janten, numutkeun sim kuring mah, harga EWS anu milyaran, masih 
keneh teu sabaraha, tibatan urang kedah kaleungitan ratusan atanapi 
bahkan rebuan nyawa. Tangtosna, saupamina urang tiasa ngawangun 
teknologi nyalira, anu memang tos sakedahna kujalaran nagara urang 
teh potensial pisan kana terjadi bencana alam (gunung bitu, tsunami, 
jsjb), tantos bakalan langkung mantebbbbbb, sabab urang teu kedah 
meser alat samahal kitu. Damel weh ku urang nyalira.
>  
>  Hapunten ah, bilih aya nu nyugak :).
>  Baktos,
>  
>  apri
>  ------------------------------------------
>   
>  Tinimbang milyaran atawa trilyuna dana/beaya dibeakeun pikeun 
ngayakeun jeung masang peralatan EWS, asana jauh leuwih 
ngajangjikeun harepan hasil mitigasi bencana upama eta dana/beaya 
dipake pikeun sosialisasi jeung penataan atawa relokasi ruang 
wewengkon basisir atawa wewengkon anu mindeng keuna ku lini jeung 
tsunami.  
>   
>  
>  
>  Cag heula.
>  baktos,
>  manAR
>   
>   
> 
>  
>  On 7/21/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kuring mah, tetep skeptis 
soal masang detektor Tsunami di urang.
> Sabab bangsa urang mah masih gede sifat vandalismena. Detektor nu 
> hargana bisa ratusan juta hijina, bisa laleungitan dicokotan kunu
> iseng. Sababraha sasih kapengker kungsi diwartoskeun detektor
> seismograph keur nitenan gunung api di Sumatera leungit dipaling.
> Salain sifat vandalismeu, oge ku teu ngarti. Can patos lami aya 
> wartos di NTT, aya pamayang mendakan detektor di laut, kulantaran
> disangka bom,  margi bentukna jiga bom, eta "bom" teh diangkut ka
> darat dicandak ka kantor pulisi. Padahal cenah eta detektor teh
> dipasang ku Badan Meteorologi Internasional. 
> 
> Sifat sok maling barang milik publik, nerekab pisan di urang. Ti
> pot kembang di taman kota, Tanda rambu Lalu lintas tepi ka tihang
> listrik tegangan tinggi, sarua teu aman sok dipaling. Malah
> kuring waktu ka Madura ngareungeu beja, sulubung alumnium tihang 
> pancang sasak Surumadu (sasak Surabaya - Madura), laleungitan,
> sakitu eta teh dijero laut. SUlubung alumnium ieu gunana keur
> supaya tihang pancang teu keuna ku korosi/karat.
> 
> Peuting tadi kuring ngareungeu dina TV, anggota DPR nyarios 
> kalawan sumanget soal masang early warning system keur tsunami.
> Tapi ceuk kuring mah danana kudu ditambah deui keur ngadidik
> heula masyarakat urangna ..........."percomah" masang itu-ieu,
> ari engkena ukur jadi bangkarak nu euweuh gunana ..... 
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id 
> 
> Yahoo! Groups Links
>








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke