Ehmmm....,
punten ah asa ateul oge hoyong ngiring mairan yeuh....
leres sakumaha kasauran bah Willy yen bangsa urang kacida pisan lelewodehna, tong boroning alat EWS nu hargana milyaran rupiah, dalah tutup riul di jalan oge lamun teu katutup ku aspal mah sok leungit aya nu maling padahal eta barang teh lamun leungit (euweuh tutupna) ngabahayakeun pisan pikeun nu make jalan (nu make kandaraan) bisa nimbulkeun cilaka komo deui lamun ti peuting mah da lampu PJU oge geuning parareum...(padahal mayar PJU mah unggal bulan dina tagihan listrik).
jadi anu kudu diutamakeun mah kumaha carana sangkan bangsa urang ngarti kana pibahayaeun jeung disiplin dina miara alat-alat anu gunana keur kasalametan balarea..

cag...ah,

"kkbm'69"
-alasan nu maling cenah daripada kalaparan....duka pedah geus jadi kabiasaan....hehehe.


On 7/24/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Teh Mae, lamun teu lepat mah Teh Mae teh aya di Amrik kitu?. Punten
Teh, ulah disamikeun jeung di Amrik di Indonesia mah. Di urang mah soal
kasalametan nomer dua sabab bangsa urang mah lolowodeh dina miara alat-
alat kasalametan.
Kanggo informasi, buoy (pelampung detektor pasang surut air laut) nu
dipasang di laut sabudeureun Padang, ayeuna geus leungit dua siki!

Baktos,
WALUYA



--- In urangsunda@yahoogroups.com, Mae West <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wilujeng siang. Abdi bade ngiring nyarios perkawis EWS. Manawi abdi
mah teu pinter kawas saderek Oman, ari pamadeg salira mah eta EWS teh
peryogi pisan, manawi ceuk emutan abdi mah kasalametan manusa langkung
peryogi dibanding keun sareng sabaraha ongkos na ngadamel EWS, sareng
na deui "melindungi masyarakat" teh KAWAJIBAN pamarentah. Sakieu ti
abdi, bade bendu manga da iyeu mah milis demokrasi tea, sadayana oge
kenging ngajukeun pendapat pribadi, sanes kitu?
> [EMAIL PROTECTED]


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke