----- Original Message ----- 
>From: Mae West
>Ari emutan abdi mah jalmi teh darajat na sami da sadayana oge umat awloh. 
>Ulah waka nuding batur eta EWS arek aya
> anu maok. Anu penting mah urang kudu usaha jeung mikiran kumaha carana 
> ngurangan karugian jiwa dina aya musibah.

Sanes nuding, da  geus kabuktosan. Ceuk kuring oge tadi aya dua  buoy 
(detektor pasang surut cai laut) nu dipasang di laut caket Padang leungit, 
aya nu maok (dicandak teu bebeja). Ieu pelampung teh gunana kanggo nitenan 
bisi aya tsunami.  Ieu ngabuktoskeun yen diurang teh lamun aya barang milik 
umum/publik, teu aman sok aya nu ngarusak atawa aya nu maling sanajan eta 
barang/alat teh keur kapentingan manehna oge. Teu percanten keneh? 
..............tuh Kang Iim oge nulis, soal tutup riul di Jalan nu sok aya nu 
nyandak.

Leres pisan anu penting mah usaha supaya ulah aya karugian jiwa, jadi sanes 
EWSna nu penting, tapi kumaha sangkan ulah aya korban jiwa. Kang Oman 
masihan alternatif, kumaha lamun basisirna nu diberesan jrrd tinimbang 
masang alat-alat EWS sapanjang basisir Sumatera tepi ka Jawa nu sakitu 
panjangna (rewuan kilometer). Acan infrastruktur saluran informasina, da 
meureun kudu ka suklak-siklukna. Kumaha lamun ku telepon atawa SMS? Tah ieu 
nu cilaka lamun teu ka koordinasi nu leres. Mangga aos wartos dina koran, 
padumuk di Pangandaran, sanggeus ayana tsunami, sering panik, lalumpatan , 
kulantaran aya SMS nu ngabejakeun rek aya tsunami deui. Saha nu ngirim SMS? 
nu rek barang-paok di bumi-bumi nu ditinggalkeun kunu panik!

Tah Teh Mae, eta teh lain ceuk kuring,  tapi wartos tina media. Kade  ieu 
mah teu aya hubunganana jeung "darajat jalmi sami",  da  eta mah kalimah ti 
"langit"!

Baktos,
WALUYA







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke