Punten bade sakedik ngalereskeun, kanggo nyerat Allah sanes awlo margi dina eta kalimah teu aya hurup wau janten nu leres nyeratna " Allah" kunaon hurup 'L" na dua margi aya tanda tasjid. sareng pami urang lepat nyerat hartosna oge bakal benten...sakali deui punten ieu mung urang silih emutan....nuhun.
malikan deui kana hal EWS, leres ari darajat manusa mah sadaya sami dipayunaeun Allah Swt mah sareng urang kedah usaha pikeun nyegah balai (musibah) tapi lamun usaha urang anu satekah polah geus dilakonan kalahka diruksak ku oknum anu pentingkeun dirina pribadi kumaha pipetaan urang salajengna naha anggeur usaha bari jeung teu nyegah kumaha carana sangkan jelema-jelema anu boga gawe curaling eling yen eta kalakuan teh salah jeung ngabahayakeun nu lian....?
jadi didieu urang sadaya kudu asak tinimbangan ulag gereges gedebuk alias getas harupaten lamun rek ngalakukeun hiji pagawean tapi kudu dipikir heula naha ieu teh bakal aman pikahareupeunana...? ari manfaatna mah tos pasti aya da ku ayana dipasang eta alat oge manfaatna pasti gede tapi kumaha lengkah satuluyna satutas eta alat dipasang...(aman tina lampah jalma curaling)

Cag...ah, nuhun.

"kkbm'69"
-di urang mah rambu-rambu lalilintas di jalan Tol oge padamaokan...padahal eta rambu-rambu kacida gede manfaatna pikeun nu make jalan (khususna)

On 7/24/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

----- Original Message -----
>From: Mae West
>Ari emutan abdi mah jalmi teh darajat na sami da sadayana oge umat awloh.
>Ulah waka nuding batur eta EWS arek aya
> anu maok.


Leres pisan anu penting mah usaha supaya ulah aya karugian jiwa, jadi sanes
EWSna nu penting, tapi kumaha sangkan ulah aya korban jiwa. Kang Oman
masihan alternatif, kumaha lamun basisirna nu diberesan jrrd tinimbang
masang alat-alat EWS sapanjang basisir Sumatera tepi ka Jawa nu sakitu
panjangna (rewuan kilometer). Acan infrastruktur saluran informasina, da
meureun kudu ka suklak-siklukna. Kumaha lamun ku telepon atawa SMS? Tah ieu
nu cilaka lamun teu ka koordinasi nu leres. Mangga aos wartos dina koran,
padumuk di Pangandaran, sanggeus ayana tsunami, sering panik, lalumpatan ,
kulantaran aya SMS nu ngabejakeun rek aya tsunami deui. Saha nu ngirim SMS?
nu rek barang-paok di bumi-bumi nu ditinggalkeun kunu panik!



__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke