Punten, sanes teu gumbira mireng wartos kagiatan
yayasan Pembangunan Jawa Barat sawatara waktos anu
kalangkung dugi ka tiasa ngempelkeun dana samilyar
langkung. Jaman ayeuna mah ngempelkeun artos
mangmilyar-milyar. asa langkung sae upami ditambihan
ku konsep anu jelas, kumaha ngaronjatkeun pangwangunan
di Jawa Barat.

kamari wae waktos gempa di Yogya, masih seueur hal anu
teu kapirosea, padahal sumbangan ti ditu ti dieu mani
"ceuyah". Ceuk kuring mah anu diperyogikeun teh,
pangwangunan sabada bencana sacara konseptual. Kamari
dipadungdengkeun perkwawis pamasangan alat EWS. Tapi
eta mah mung sabagian  tina konsep pangwangunan.
Mangga geura pedar ku teh Ika, naon anu parantos
direncanakeun ku Bappeda Jawa barat. (kamana nya Teh
Ika, abdi sono mirengkeun pedaran perkawis
pangwangunan Jawa Barat).

baktos,

mrachmatrawyani


--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Alhamdulillah, reueus ku karancingeusanana ti
> Yayasan Pembangunan Jawa
> Barat. Oge hatur nuhun ka Ua Djatnika, sesepuh
> Yayasan Perceka-KUSnet, anu
> aktif dina eta kagiatan sareng haat ngawartakeunana
> ka milist. Pamugi
> sadayana manfaat sareng barokah ka sadayana wae.
> 
> baktos,
> manAR


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke