hih mairan mah teu aya di dieu. aya ge bioeti di dieu mah... haha

kang asep, panginten uyah-gula tos kasebatna ge selera, pan cek siska suwitomo ge tambihan uyah gula saselerana we.. haha... teras resep ge pan selera sanes? resep nu dicemplungkeun bah surtiwa panginten ala anjeunna, ema simkuring ge lamun di ngadamel benten. bungbuna langkung euyeub, mun teu lepat mah kieu:

bahan:
  1. jengkol
  2. cipati kentel jeung cipati encer
bungbu:
  1. bawang beureum
  2. bawang bodas
  3. muncang
  4. cabe beureum
  5. cikur
  6. jahe
  7. laja
  8. daun salam
carana:
  1. kulub jengkol nepi ka hipu, terus piceunan kulumudna, kumbah sing beresih, geprek sina meber.
  2. rendos bawang beureum, bawang bodas, cabe beureum, cikur, jeung muncang nepi ka lemes.
  3. tumis bungbu lemes nepi ka seungit, gebruskeun jahe, laja jeung daun salam, gebruskeun jengkol, galeykeun jeung bungbu terus asupkeun cipati encer, uyahan gulaan, antep nepi ka cipati nyaatan jeung bungbu meresap (halah poho sundana). bisa oge ditambahan kecap amis cap majalengka
  4. geus saat asupkeun cipati kentel, tungguan deui nepi ka saat (maksudna kuahna tinggal saeutik) jeung kentel
  5. asak! leuwih apdul dipurulukan goreng bawang..
tah ieu mah ala si ema tapi sakainget kuring.


dh
halah naha jadi seurieus yeuh gara-gara jengkol. haha...

On 8/3/06, asep ahmad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Har ....naha teu di uyahan, teu di gulaan...sanes ngangge cipati oge?

punten mairan




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke