--- In [email protected], "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>=== Dikeureut ===
> Urang teu kedah ngageuhgeuykun usaha sasami urang Islam, bari 
> saeutik sareng rada mahiwal oge aranjeunna mah aya usaha satekah 
> polahna. Bandingkeun sareng urang anu ngan
> cicing nongton aranjeunna dina CNN nganggo TV buatan USA bari 
> ngaleueut Coca-Cola sareng Biskuit Danone.(he..he.. deui)
=== DIkeureut====

Haturan Kang Ari. Ih paralun teuing sanes ngageuhgeuykeun, ngan 
nyaeta ningali realitas nu aya, dina era global kieu, rarasaan teh 
hese maen boikot. Pajurawet jeung pakait-kait. Dua sasih kapengker 
kuring ngagawekeun survai cai di Pabrik2 Coca-Cola di Rancaekek, 
Bekasi jeung Ungaran. PT Coca Cola teh seueur padamelna geuning, 
urang Indonesia sadayana. Lamun wae urang Indonesia eureun atawa 
ngurangan ngaleueut Coca Cola, meureun seueur padamelna anu nganggur, 
nya akhirna PHK. Keur anu gaduh modal mah (investor), bangkrutna 
pabrik di Indonesia, teu masalah, gampang pindahkeun we ka nagara 
sejen. Tapi keur padamelna, ieu teh "bancang pakewuh". Pamarentah 
Indonesia oge bakal lieur, da nu nganggur beuki nambahan.

Israel leres kurang ajar, tepi ka dulur urang, urang Sunda, TKW asal 
Sukabumi, maot ka bom ku Israel. Kuring sedih nguping wartos eta. 
Sedihna teh sanes wae ku katelengesan jalma (baca: Israel) ngebom 
kamana wae, tapi pangpangna sedih kulantaran inget yen nagara urang 
teh miskin, tepi ka rakyatna ngabrul buburuh ka nagara batur, sanajan 
tempat nu dijugjug teh lain tempat anu aman.

Ari ceuk kuring mah, mudah-mudahan we perang Israel jeung Hizbullah 
teh gancang eureun, ulah nerekab tepi ka nagara sejen pipilueun. 
Sabab akibatna bakal keuna oge ka Indonesia, nu miskin ieu. Salah 
sahijina BBM. Kumaha lamun minyak ngalangkungan 100 dollar per 
barrelna. Padahal ayeuna oge, aya sabagian kampung di Purwakarta geus 
dahar sampeu dicampur sangu!

Baktos,
WALUYA 




  





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke