Wa'alaikumsalaam w. w.

Panuhun ka kadang wargi anu parantos ngarojong, boh tanaga atanapi
du'a, kana kamajengan ieu proyek/ramatloka.

Mun teu salah, dijieunna ieu loka teh mangrupa 'bukur' kongres
(ngawangkong teu beres-beres) alias kopdar Kusnet, duka anu ka
sabaraha, dina taun 2003 di bumina Ua Sas. Mimitina mah, saheulaanan,
loka ieu teh ditujukeun pikeun ngarsipkeun/ngumpulkeun hasil paguneman
urang sapopoe di ieu milis. Anapon harepan ka payunna, ieu loka teh
dipiharep bisa dijadikeun loka utama anu ngawadahan sagala rupa
embaran/pangaweruh dina hal Sunda, urang Sunda, kasundaan, pokona mah
sadaya ngeunaan Sunda weh... heheh...

Lintang ti harepan jeung angen2 anu luhur eta, dina prakna mah aya wae
hahalang teh, boh dina segi tehnis, oge nontehnis, sahingga kamekaran
ieu loka masih teu acan optimal. Alesan anu utama mah taya lian
kumargi rengrengan pangurus teh gaduh kasibukan sewang2an.
Bungkeuleukanana ieu loka ayeuna teh, ceuk kasarna mah, hasil tina
salingkuh para pangurusna. Salingkuh, da memang dipigawena teh nyelang
tina kasibukan gawe masing2. Boro-boro dibayar, ieu loka teh
dikokolakeun ku para sukarelawan. Nuhun pisan ka Kang Eko salaku
pupuhu alias pimpro, anu salawasna miara 7 ngokolakeun ieu loka. Cenah
mah baheula kungsi nepi ka komputerna ngebul... Heuheu... Duka pedah
lila teui dipake, duka pedah dibubuy...

Perkawis ilubiung sumbang tanaga, simkuring ngawakilan pangurus moal
weleh ngahiap2 ka sadaya wargi, boh anu bade sumbang tulisan atanapi
pangrojong tehnis dina ngararancang ieu loka.

Sakitu heula bae ti sim uing mah, harilap deui pipokeun... heuheu...

On 03/08/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum wr wb
>
> Sinareng hormat ka para : Kuncen sareng ka anu  bersangkutan.
>
>         Sim kuring oge  ngiring bingah tur ngarojong kana sagala rupi anu di 
> rencana ku situs ieu, margi  kahartos sareng seu-eur
> pisan pulunganeun nana, sim kuring rumasa teu patos sering  andil dina widang 
> ngomentaran, margi asa ararisin upami teu di
> taros mah, namung  upami aya anu peryogi mah ku  tanagi , sim kuring insya 
> Allah siap ari masih keneh mampu mah
> nagbantos dina widang naon wae.
>          Danget  ieu mah iwal ti ngarojong ku du'a wae ti katebihan sangkan 
> web ieu aya dina  kalancaran sareng aya manfa'at na
> kanggo urang sadayana, amiin yaa robbal  'alamiin.

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke