SATELIT
 
Arthur C. Clarke, salah saurang tukang nulis fiksi sain dina bulan Mei 1945 nulis artikel dina majalah “ Wireless World “ anu mangrupakeun cukang lantaran konsep sistim komunikasi satelit, tulisannana nyaeta :
 
“ All these problem can be solve by the use of a chain of space-stations with an orbital periode of 24 hours, which would require them to be at a distance of 42.000 Km from the centre of the earth. There are a numbre of possible arrangement for such a chain but that shown is simplest. The stations would be in earth’s equatorial plane and would thus always remain fixed in the same spot in the sky, from the point of view of terrestrial observers. Unlike all other heavenly bodies they would never rise nor set. This would graetly simply the use of directive receivers installed on earth.”
 
Saenggeus tulisan Arthur eta, para elmuwan balap nalungtik rekaan Arthur. Salah sahijina nyaeta Kepler, anu ngabewarakeun konsepna nyaeta “ Hukum Kepler ”
 
  • Kabeh satelit orbitna motong puseur dunya
  • Dunya nyaeta titik puseur sakabeh orbit
 
 

A. Circular Polar Orbit

( Orbit anu ngulilingan dunya ti kutub kaler ka kutub kidul )
 
Orbit ieu bisa ngahontal ka sakabeh alam dunya. Kusabab eta, orbit ieu dipake keur satelit kaperluan panalungtikan elmu pangaweruh, metrologi / cuaca, militer, navigasi. Tapi keur kaperluan komunikasi perlu sababaraha satelit, supaya hubungan komunikasi tetep lancar ( henteu pegat )
 

B. Elliptical Inclined Orbit

( Orbit anu ngulilingan dunya ku cara diagonal )
 
Rupa orbit anu aheng, nyaeta sudut inklinasina 63 darajat, jeung waktu anu dibutuhkeun keur ngulilingan dunya ngan 12 jam. Jang kaperluan komunikasi anu terus-terusan teu  pegat, ku ayana revolusi ieu ngabalukarkeun komunikasi kaganggu. Keur ngawangun komunikasi anu terus-terusan teu pegat, perlu diterapkeun gugusan satelit ( paling saeutik 3 satelit ) anu silih gentenan. Kauntungan tina orbit ieu nyaeta bisa ngahontal kutub kaler jeung kidul, kusabab eta, orbit ieu loba dipake ku komunikasi satelit Rusia.
 

C. Circular Equatorial Orbit

( Orbit anu ngulilingan dunya ti kulon ka watan )
 
Orbit ieu motong equator, jeung jauhna ti dunya 35.800 Km. Satelit anu aya di orbit ieu ngulilingan dunya sarua jeung  muterna dunya, kusabab eta orbit ieu disebut oge orbit geostasioner.
 
Kusabab revolusi satelit sarua jeung muterna dunya, jadi orbit ieu cocog pisan pikeun satelit komunikasi anu bisa lumangsung 24 jam.
 
Orbit ieu loba dipake ku satelit komunikasi domestik jeung internasional saperti ; PALAPA, INTELSAT, ASIASAT jeung sajabana.
 
Dina sisitim Intelsat, supaya ngahontal kasakabeh alam dunya, kusabab eta Intelsat ngabagi jadi tilu wewengkon, nyaeta ; Pacific Orbit Region, Indian Orbit Region jeung Atlantic Orbit Region. Hal ieu anu dimaksud dina rekaan Arthur C. Clarke.
 
POR    : Ngahontal wewengkon Asia, Amerika, Australia
IOR     : Ngahontal wewengkon Asia, Afrika, Eropa
AOR    : Ngahontal wewengkon Eropa, Amerika, Afrika
 
Endonesia di tenjo tina geografisna bisa kahontal ku satelit POR jeung IOR
 
 

Band Frekuensi Jeung Path Loss

 
Dina satelit geostasioner kusabab jarak antara satelit jeung alam dunya kurang leuwih 35.800 Km, ngabalukarkeun sinyal carrier nu ditarima satelit atawa ditarima di stasion dunya leutik. Kusabab eta diperlukeun Band frekuensi anu bisa ngahontal kakurangan ieu, pangpangna ku ayana Path Loss. Band frekuensi anu bisa dipake dina hal ieu nyaeta C-Band ( 6/4 Ghz ) jeung Ku-Band ( 14/11 Ghz). Kiwari geus ngamimitian make Band lain nyaeta Ka-Band keur kaperluan TV.
 
Sistim komunikasi satelit ngagunakeun propagasi galombang elektromagnetik dina frekuensi C-Band jeung Ku-Band.
 
C-Band            : Up-Link         = 5850 – 6425 Mhz
                        : Down-Link     = 3625 – 4200 Mhz
 
Ku-Band          : Up-Link         = 14000 – 14500 Mhz
                        : Down-Link     = 11200 – 11700 Mhz
 
Tina hasil panalungtikan, beuki luhur frekuensi galombang elektromagnetik, beuki babari pisan kaganggu ku cuaca, hujan, kaayaan atmosfir, uap cai jrrd. Kusabab eta di wewengkon tropis kaasup Endonesia nu paling alus nyaeta frekuensi C-Band.
 

Polarisasi

 
Narambatna frekuensi galombang elektromagnetik dina komunikasi satelit bisa dikondisikeun jadi dua rupa polarisasi, nyaeta LINEAR jeung CIRCULAR.
 
Masing-masing rupa polarisasi bisa dibedakeun deui jadi dua, nyaeta :
 
Polarisasi LINEAR                   : - Vertikal ( V ) 
  - Horisontal ( H )
 
Polarisasi CIRCULAR : - Left ( LHCP, Left Hand Circular Polarization )
                                                : - Right ( RHCP, Right Hand Circular Polarization )
 
- LINEAR                    : PALAPA, PamanSat, AsiaSat, ArabSat jrrd.
- CIRCULAR              : INTELSAT
 
Anteneu Stasion Dunya kudu sarua polarisasina jeung satelit, LINEAR atawa CIRCULAR. Lamun Stasion Dunya ngirim make polarisasi Linear V, maka anu narima polarisasina Linear H. Lamun nu ngirim Linear H, maka anu narima Linear V.
 
Kitu oge jeung CIRCULAR, lamun anu ngirim polarisasina LHCP, maka anu narima nyaeta RHCP. Sabalikna, lamun nu ngirim RHCP maka anu narima LHCP
 
 
Polarisasi TX ( Ngirim )
Polarisasi RX ( Narima )

Katerangan

 
 
 

LINEAR

 
 
Vertikal ( V )
Horisontal ( H )
Co-Pol
Horisontal ( H )
Vertikal ( V )
Co-Pol
V
V
X-Pol
H
H
X-Pol
 
 
 

CIRCULAR

 
 
LHCP
RHCP
Co-Pol A
RHCP
LHCP
Co-Pol B
LHCP
LHCP
X-Pol A
RHCP
RHCP
X-Pol B
 
 
 
 
 
 
 


 
 
CapRock Communications
[EMAIL PROTECTED]
www.caprock.com


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke