Kahatur Mama Manar, Bah Willi, Kang Agus Hermawan oge baraya sadaya... Rompok Abdi mah masih aya di wewengkon Subang, caket jalur Cikamurang nu sok dijantenkeun jalan alternatif Jakarta-Jawa Wetan pami lebaran tea. Kaleresan rompok Abdi sareng sabudeureunna, kapungkurna tilas sawah (oge rawa). Pami numutkeun kasauran Bah Willi mah, janten logis oge pami cai tina sumur bor eta bau leutak tur kotor.
Duka tah ngeunaan prosedur ngadamel sumur bor na mah (kapungkur). Abdi kirang apal, margi teu "ngamandoran" langsung heuheuheu. Atuda Abdi di Jakarta, nu ngadamelan sumur bor mah di Subang. Mung ngeunaan "screen" mah emang ngahaja nganggo nu "sedeng" ukuran "mesh"- na. Pami alit teuing mah, kompa na janten gampil "kapitasi". Teras pami ageung teuing, seueur "solid" (=kokotor) nu kasedot ku kompa. "Screen"-na ngagaleuh di toko, henteu ngadamel nyalira... Abdi masih kirang ngartos, maksad Bah Willi ngadamel casing atanapi solongsong kanggo nahan "resapan air permukaan" supados teu mangaruhan kualitas cai ti sumur bor. Pami Bah Willi aya waktos mah, punten pang jentrekeun deui sakantenan nganggo sketsa gambar dipasangna teh dimana (atanapi kumaha)...?! Jigana muhun bade dijeroan deui we eta sumur bor teh. Da ti kamari oge tos kaemutan, mung masih ham-ham heuheuheu....Teras kompa-na oge digentos sareng nu "suction head"-na ageung. Nanging kamana milari Jet Pump nu mirah nya tur kinerja sae sakumaha nu dicarioskeun ku Bah Willi...??! *** Bah Willi, dimana ngagaleuhna eta Jet Pump, oge kinten-kintenna pangaosna sabaraha...??! Mangga ah. Hatur nuhun.... Wassalam, OTA --- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wa'alaikum salam wr wb., > > Kang Taryono, lokasina dimana sumur bor teh? Upama di Jakarta, jerona 15 m, > leres sakumaha kasauran Bah Willy, caina masih kapangaruhan ku cai ti luhur. > Kadar leutak dugi ka 5-10%. Dina istilah lab, leutak ieu disebutna TDS > (total disolved solid) atawa jumlah zat padat terlarut. TDS 5-10% tangtu ae > tos ngalangkungan baku mutu standar cai aroteun. > > Bisa jadi proses nyieun sumur (well developmnet)-na teu leres dugi ka aya > anu bocor (tangtuna sumur bor ieu teh, sanes?). Upama nyieun sumur > ngagunakeun bor pantek kalawan screen (saringan) sumurna nyieun sorangan > (biasana pipa diragajian), kamungkinan asupna TDS tambah gede. Tapi, > kulantaran deet, bisa wae eta TDS teh memang sifat cai taneuhna kitu. > > Sigana teu aya cara sanes solusi teh iwal ti ngajeroan sumur. Konsekuensina, > jenis pompana oge kudu diganti anu langkung ageung kapasitasna. > > manAR > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

