Ngiring mairan oge....
Sababaraha waktu katukang kuring pernah maca ayana artikel anu kurang leuwih eusina netelakeun yen dina akhir-akhir ieu aya hiji skenario ti pihak-pihak anu teu resepeun ka Islam pikeun ngaruksak atawa naon atuh sunda na teh "mendiskreditkan Islam". Mangrupa-rupa carana, salah sahijina nyieun paningali publik (opini publik) anu ngagambarkeun yen ajaran-ajaran Islam teh pikasieuneun, ngahalangan kabebasan, ngaruksak jeung sajabana. Kaasup siga peraturan-peraturan pamarentah siga UU Pornografi anu di tolak bebeakan ku sawatara pihak. Aya deui Peraturan Daerah anti Kemaksiatan  anu sarua di tentang ku sawatara jalema anu teu resep ka Islam. Maranehna nyieun opini lamun peraturan ieu di terapkeun ke balukarna bakal goreng, bakal kieu jeung kieu.
Tah ayeuna ujug-ujug datang deui ieu. Masalah barudak awewe di sunatan. Siga-siga eta ge rek ngogogoreng kana ajaran Islam (lamun teu salah mah di agama nu lian mah euweuh ajaran di khitan/sunat). Ngahaja masalah ieu di angkat kaluhur, tingali we pasti dukungan ti pihak-pihak nu resep ngalajur napsu, jalema-jalema nu ngadukung kabebasan seks jeung saterusna, pangpangna pihak nagri-nagri kulon (Barat/ Amerika jeung sajabana) bakal narembongan sarta juljol ngadarukung kana eta pendapat teh.
Kuring secara pribadi mah ningali, salila eta aya parentah ti Alloh jeung Rosulna na laksanakeun, sami'na wa atho'na. Da moal pati-pati di parentahkeun lamun teu aya hikmah di stukangeunna. Hanjakal dina eta artikel teu di sebutkeun data jeung pakta ngeunaan sakumaha loba nu ngalaman ruksak "bobogaana" kulantaran di sunatan tea, kapanan meureun loba pisan (ibu-ibu/wanoja/budak awewe) anu geus ngalaman di sunatan teh; naha kabeh ruksak kitu?????karunya teuing atuh...
Sakitu ki dulur, bilih aya nu lepat mugi aya nu panglereskeun...maklum nuju sami2 di ajar...

Wallohu A'lam

Baktos
-are-


On 9/22/06, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mairan ah....
ieu oge dangu dakwah di TV...hilap channel naon saha2na oge hilap.

awewe disunat, klitoris na dikeureut sakedik supados rasa napsu sex yang berlebihan saat dewasa dapat dikurangi.

kunaon?
jawabana, tiasa dibayangkeun upami awewe 'liar'
akibatna? mangga bayangkeun oge
taeun anu teu dipotong akan menyebabkan, klito akan memanjang/gemuk dan muncul kepermukaan.....heuheu jebleh
akibatnya taeun akan sering katoel-toel, katoel cd wae bakalan 'pipanyakiteun' jang dirina kauntungan jang lalaki.

tong ditingal masalah rusakna taeun....
jiga perintah sholat katingalna ungked2an wungkul tapi ternyata dari sisi medis loba mangpaat.


>>>pantesan atuh punbiang ari ningal awewe jalingkak sok nyebat:"jiga awewe teu disunat bae".


-------------   diteukteuk --------------------------


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke