1. Aya Juru Pantun ti Banjaran namina Ki Akis yuswana aya kana 65-70 taun mah, sigana upami diulem ka HBH tea rada pas. ieu gambar anjeuna nuju ditanggap, dietang dina eta kariaan geuning nayaga (anggap we nayaga) aya 8 jalmi, kalebet sinden. Upami diulem ka HBH duka tah naha nayaga eta kedah ngiring sadayana atanapi cekap duaan, duaan teh nu mirig kacapi sareng Ki Akisna nyalira. Sim kuring teu acan konfirmasi ka anjeuna, tapi no hp kontak person-na mah aya.
2. Kuncen anu pantes nampi pangulem ti panitia HBH, nyaeta kuncen anu ngaheuyeuk kirang langkung 70 patempatan di Jatigede Sumedang, anu mulasara situs-situs di Jatigede, upami tea eta Jatigede tos kakelem, bakal ilang eta situs, saena di dokumentasikeun kalawan daria. Kontak person kanggo nepangan ieu kuncen nyaeta Kang Dadan ti Cupumanik. MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

