--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang MH, > > Mani rame euy diskusi teh he he he.... Bae ah. > Mimitian deui we ku 'jangkrik' anyar. Hayu lah... ngadu jangkrik > masalah basa atuh! > > > > > 1. Naha enya urang Sunda teu bisa ngucapkeun aksara "Q"? > > Jawab na mah gampang. Kulantaran teu nyampak aksara /q/, hartina basa > urang teu bogaeun sistem 'bunyi'(=disada?) siga kitu. Dina basa Sunda > ge kapan euweuh /f/ jeung /v/. Teu kudu minder... da memang kitu sifat > basa urang. Kang RH, Lain minder Kang, ieu mah panasaran we, keur diajat tuang-toong. Kuring teu pati sapagodos jeung eta pamanggih teh Kang. Teu ayana aksara /q/ tacan tangtu yen basa urang teu bogaeun SORA /q/. Upama letah urang Sunda jaman 'tai kotok dilebuan' mah, bisa jadi enya teu bogaeun. Ari basa teh lain cenah hirup, saluyu jeung jelema pinuturna. Pikeun jalma Sunda jaman kiwari, jaman 'tai kotok dikarungan keur gemuk organik', eta sora teh lain perkara nu hese diucapkeunana. Hujahna, jiga kieu: cing lamun urang noong ti tungtung kulon Tatar Sunda (Banten) nepi ka tungtung wetan (Cirebon) pasti rajeg aya kana ratusna pasantren. Kitu deui upama ngalanglang ti tungtung kaler Subang, Pamanukan jeung sabudereunana, nepi ka tungtung kidul Garut, Ciamis jeung sabudereunana, asana moal pati salah upama kuring nyebutkeun perentul pasantren. Naon eta teh hartina? Tangtu eusi pasantren teh santri lin? Nu sapopoe dialajar ngaji. MUSTAHIL teu bisa ngucapkeun SORA /q/. Toong deui ti sisi sejen. Sacara rutin di lembur urang sok diayakeun MTQ, boh tingkat daerah, kitu deui nasional. Puluhan urang Sunda jadi pamilon, teu saeutik nu jadi pinunjul. Naon eta teh hartina? Geus pasti para QARI jeung QARIAH teh bentes pisan ngucapkeun sora /q/. Toong deui make statistik, urang Sunda teh lolobana muslim. Mustahil teu barisa ngaji, alif bingkeng - alif bingkeng wae mah tangtu bisa nya. Jadi kasimpulanana, MUSTAHIL alias TEU MUNASABAH upamaha urang Sunda teu bisaeun ngucapkeun SORA /q/. Hehehe, maksa we nya. Kuring mah boga kacuriga, teu asupna entri /q/ kana kamus LBSS, kulantaran meureun aya hubungan nu kurang beres, antara para ahli budaya jeung ahli agama. Boa-boa ahli budaya kurang beukieun kana perkara agama. Kitu deui sabalikna, ahli agama kurang beukieun kana perkara budaya. Perkara entri /f/ jeung /v/ mah, geus aya dina LBSS teh. Aya 19 entri /f/ jeung 12 entri aksara /v/. salam, mh > Balik kana masalah /Q/ tea. Nyaan hese ngucapkeunnana... komo /Q/ Arab > mah... da make cekleuk sagala. Mun latihan unggal poe cecekleukan > mah... bisa oge sigana mah. Wah... make kudu riweuh ku aksara > sisidueun atuh he he he... > > Make /K/ ge teu kunanaon... > > > 2. Perlu teu kamus Sunda ka hareup ngasupkeun entri "Q"? > > > > Ari ngarasa perlu mah, nya asupkeun we. Moal hese sigana teh. Ngan > entri make /Q/ teh moal loba sigana mah. Salambar ge moal pinuh! > > Ulah poho... kecap injeuman tina basa Kulon anu make /Q/ apan geus > disaluyukeun dina basa2 RI jadi /K/. Misalna kecap 'kualitas'naha kudu > dibalikkeun jadi 'qualitas' kitu? > > baktos, > Rahman > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ > http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

