--- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Rampéééés Mang Engkus !
> Keuna pisan kana mamarasna ! 
> Hatur nuhun Mang Engkus. Sim kuring satuju sapuratina. Embohna ti sim
> kuring :
> Hususna kanggo barudak sakola, élmu naon “bacaeun barudak” dina raraga
> najeurkeun “KBK” nu diserat ku aksara KA GA NGA?  Komputer mana
> anggoeun barudak anu nganggo aksara KA GA NGA? Naha badé mulih deui
> kana sabak sareng gerip? Da geuning nyerat aksara KA GA NGA mah nganggo
> ukuran teknis! 

Kang Din.
Hehehe, cing urang cobaan toong ieu pasualan teh. Pasualan kahiji, jigana
ampir sami jeung nu katoong ku kuring. Yen, teu pati aya mangpaatna aksara
Sunda diajarkeun ka budak sakola tingkatan SD nepi ka SMA. Pangpangna apan
saperti nu katitenan ku balarea, urusan nyarita make basa Sunda wae, apan
sakitu pabaliutna. Hayoh ditambahan deuih ku diajar aksara Sunda, kalahka
nambahan bangbaluh ka budak. Tapi ieu teh lain hartina diajar aksara basa
Sunda taya gunana. Pikeun mahasiswa di paguron luhur nu ngaji kasundaan
mah, tangtu perlu. Pangpangna pikeun panalungtikan naskah-naskah heubeul.

Tah nu kaduana, pasualan aksara Sunda dina komputer, pikeun saheulananan
ieu garapan teh keur dipaju, jadi garapan konsorsium aksara sadunya nu
diluluguan ku UNICODE (http://www.unicode.org/). Cenah mah disponsoran ku
UNESCO. Dina garapan eta konsursium, aksara Sunda, Jawa, Rejang, jeung
Batak geus diagendakeun pikeun diregister jadi bagian kumpulan aksara
saampar jagat (http://www.unicode.org/pending/pending.html). Salian ti
eta, geus aya aksara Nusantara sejen nu geus ti heula asup jadi warga
aksara dunya, diantarana aksara Bugis jeung Bali
(http://www.unicode.org/charts/). Salah sahiji kaunggulan aksara UNICODE
teh, diantarana pikeun nulis aksara Sunda urang teu kudu ganti 'keyboard',
tapi cukup ku migunakeun program tambahan pikeun narjamahkeun kana
karakter aksara Sunda. Jadi misalna, urang bisa migunakeun program keur
ngetik nu ilahar (jiga mikrosoft word), ditambah program intrepreter
transkripsi aksara, sarta 'font' aksara Sunda, geus cukup tah pikeun
nyieun dokumen make aksara Sunda. Pikeun beja tambahan, upama rek nyobaan
ngetik make aksara Jawa atawa Bali, kuring aya jampe harupatna.

> Hiji deui anu penting, cing basa naon/mana nu ngejah aksarana modél
> kieu:
> a,  i,   u,  é,  o,  e,  eu
> eb,  ec,  ed,  eg,  eh,  ej,  ek,  el,  em,  en,  ep,  er,  es,  et, 
> ew,  ey 
> upami teu aya, ngandung harti éta ciri Sunda nu mandiri! Badé
> dipiceun ?

Jigana Akang jeung kuring rada geseh generasi jeung lokasi geografi.
Sainget kuring di lembur kuring (Garut), upama ngejah teh teu jiga kitu,
tapi kieu: be, ce, de, jeung saterusna. Ieu cara ngejah teh persis sarua
jeung ejaan basa Walanda. Toong geura jiga kumaha ejaan alfabet dina letah
Walanda (http://www.learndutch.org/Dutch/alphabet/index.html). Kaharti
kituna mah. Apan urang Sunda nulis basa Sunda make aksara laten teh
diwarah ku Walanda. Kaharti kituna mah, apan aya ratus taunna, urang
dikawasa ku Walanda. Pikeun babandingan, urang Malaya ngejahna teh make
cara jiga ejaan Inggris (misalna: i-ai, u-yu, jst), sabab manehna mah
dikeukeuweuk Inggris. Cenah ceuk nu kungsi noong, basa Sunda teh kungsi
ditulis dina sababaraha rupa aksara, diantarana: aksara Sunda, aksara Arab
Gundul (Pegon), aksara Jawa, jeung aksara Laten. 

Jadi pikeun kuring mah, urusanana lain perka 'miceun suriceun', tapi ayana
realita nu perlu dipikawanoh yen basa Sunda teh teu beda jeung basa
Sejenna, baris robah ti jaman ka jaman saluyu jeung pangabutuh jeung
pangaweruh pinuturna. Komo deui kiwari, dimana dunya terus 'murengked
ngaheureutan', kalah kumaha wae oge tangtu basa hiji kaum baris
KAPANGARUHAN atawa MANGARUHAN basa kaum sejenna. 

Salam,
mh

> engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           Sampurasun baraya kisunda sadayana!
> 
> Simkuring bade ngiring mairan etang-etang ngaramekeun
> dina gunem catur perkara aksara dumasar kana pamikiran
> pribadi, kaci oge pan upama simkuring teu sapuk sareng
> nu sanes, oge kaci mun aya nu teu sapuk sareng
> pamikiran simkuring.
> Kamekaran hiji basa di bangsa mana bae ti bihari tepi
> ka kiwari tangtu teu bisa dihalangan jeung memang teu
> perlu dihalangan, anu tinangtu bakal aya silih
> pangaruhan antara basa hiji bangsa ka bangsa nu lianna
> ku ayana kecap-kecap anyar nu kapanggih nu
> ngalambangkeun hiji barang, pagawean atawa nu disebut
> “model” ku kang MH. 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke