He he he .... ceuk cenah baheula teh tembagapura tambang tembaga ... puguh
we nu dilaporkeun harita emasna eh tembagana, ayeuna rada mending tos
dilaporkeun oge yen aya emas ...

UI antek Amerika ? duka atuh ... nu terang mah aya mafia Berkeley tea, duka
antek saha ..

Pengeboran gas di Natuna ? ah tebih  ka darat, moal aya nu protes ... moal
rame siga di Cepu, da masarakatna tos di-CBD keun ku Exxon .. he .. he..
he...

Amrik keuheul ka Iran tur Korut, ngan teu gaduh cicis .. tilas mayar perang
ka Irak oge teu acan punah siganamah ...

Rek menta bantuan duit ka Jepun (da puguh jepun mah saeutik tangtarana),
sigana jepun moal daek, naon sababna ? listrik di jepun tina PLTN, uraniumna
ti iran, mun jepun mantuan amrik, terus iran embung ngirim uranium ... wah
bisa pareum listrik unggal poe ... Mantuan Amrik ke nyerang Korut oge moal
daek, sabab mun rudal Korut nyasar, nepi ka Jepun, beu cilaka dua welas ....

Menta tangtara ka Cina atawa ka Korsel, pasti bakal rada olo-olo,
menta bayaran nu mahal .... nu murah nya ka nusantara, pan sakedap
deui bakal aya UU wajib militer, saha nu bakal dikirim ? nu wajib militer
tea,  da tangtara ayeuna tangtara kanggo pamarentahan sanes tangtara kanggo
perang ... kitu manawi

baktos
budhi
kurono kopo 241


On 11/16/06, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   3.4 juta ounce emas = 105.751.800 gram x Rp 180.000/gram = Rp
19.035.324.000.000
ari tembaga sabarahanya hargana????
pajak 11 trilliun, candak wae 10% - jadi penghasilan kotor sekitar Rp
110.000.000.000.000.000 (anu katingal/dilaporkeun)

eh, bener teu yeuh itunganna



----- Original Message -----
*From:* MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* [email protected]
*Sent:* Thursday, November 16, 2006 2:58 PM
*Subject:* [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana



Kakarek ge ngabantah eusi pidato "pidato presiden Bush
menjelang kedatangannya ke Indonesia", tadi isuk di UI
kuring ngahadiran acara "Presentasi Sosialisasi PT
Freeport Indonesia (FI)", salah sahiji pausahaan
Amerika anu ngokolakeun tambang tembaga, emas, jeung
perak di Papua, dianggap tambang anu panggedena
sadunya.
Aya sababaraha informasi penting. Diantarana,
geuningan loba oge lulusan UI anu gawe di pausahaan
eta, anu jadi presiden direktur, akunting, ahli
hukum, korporat sekertaris, tehnisi, jrrd (naha ieu
teh hiji tanda, UI jadi antekna Amerika?).

Saham pausahaan FI, komposisina 9,36 % dipiboga ku
pamarentah Indonesia, 9,36% dipiboga ku PT Indocoper
Investama (swasta) jeung 81,28% bogana Freeport
McMoRan & Gold inc. Ari komposisi pagawena per 31
Desember 2005 aya 19.000 jalma, 503 urang (2,5%)
pagawe asing. (anu jadi pertanyaan, sabaraha gedena
gajih pagawe asing dibandingkeun jeung jumlah gaji
pagawe pribumi? Lamun lobana gajih pagawe asing leuwih
punjul batan jumlah sakabeh gaji pagawe pribumi,
berarti memang urang the geus dijajah ku bangsa
asing).

Atuh dina perkara setoran pajak, taun 2005 PT FI
nyetor ka pamarentah Indonesia Rp 11 Triliun (U$ 1,2
milyar). Pajakna wae sakitu gedena, komo deui
panghasilan kotorna. Sabab taun 2005 PT FI
ngahasilkeun 1,7 milyar pounds tambaga jeung 3,4 juta
ounces emas, mangrupa konsentrat. Atuh perkara
ngokolakeun taun 1991 (jaman Orde Baru) Kontrak Karya
kadua kalaur, dimana PT FI dibere kawenangan pikeun
neruskeun pausahaanana salila 30 taun deui.

Ngobrol jeung salah saurang wakil Dekan, cenah mah can
tangtu presiden Bush, "mendarat" di Bogor, sabab aya
sababaraha skenario tempat pertemuan salin di Bogor.
Beja ieu the ceuk tukang motong jukut Istana Bogor.
Tukang jukut, meunang informasi waktu rame-rame keur
ngawangun helipad, tempat "eunteupna papatong Bush".
Lamun ngadeukeutan poe "H" kota bogor teu aman,
pasamoan bisa wae dipindah ka jakarta atawa Bali. Jadi
Bogor beuki rame ku anu demo teh, bisa dijadikeun
alesan pikeun mindahkeun acara pasamoan (=pertemuan).

Aya naon Bush ngahaja nganjang ka Indonesia, sok
sanajan ngan 6 jam? Tah, ceuk salah sahiji dosen anu
oge analis politik, saenyana Bush rek menta jaminan ka
SBY, perkara, pengeboran di lepas pantai Natuna, Exxon
mobil jeung menta jaminan supaya Dirut PT Newmont (si
Ness tea), anu jadi tersangka dituduh "mencemarkan
lingkungan", aman atawa diringankeun tina tuntutan
hukum. ( bandungan wae, engke sabada pertemuan, Sby
atawa Bush, ngaluarkeun pernyataan naon).

Jadi kasimpulanana naon? Nutup PT FI, berarti aya 19
rewu anu bakal teu digawe. Tapi ketang bisa
nyalametkeun kahirupan 200 juta rahayat Indonesia,
nagara jadi ajeg/mandiri.
Jadi pilih nu mana atuh?

Baktos,

mrachmatrawyani

__________________________________________________________
Sponsored Link

Mortgage rates near 39yr lows.
$420k for $1,399/mo. Calculate new payment!
www.LowerMyBills.com/lre


__________ NOD32 1868 (20061115) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com






--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Kirim email ke