Waktos sasih puasa kamari kuring mirengkeun informasi
ti Menristek Dr. Kusmayanto Kadiman mah, Kamentrianana
tos ngagaduhan sistem early Warning tsunami anu
kawilang canggih. Jeung deuih kauangan menristek
sigana tos "cekak". Jadi teu kedah meser peralatan
deui, kajaba lamun juragan Bush "maksa" nitah meuli
alat-alatna kalayan  dibere bantuan dana/soft loan
(masihan hutang kanggo meser alat eta).  Tapi tetep
wae kedah dibayar.

Kuring marios deui makalah Pa Rudi Rubiandini, tetela 
Lapindo Brantas ngagaet Petrochina. Dina makalah eta
oge disabit-sabit "mud volcano". Kumargi kitu
skenario-4 penanggulanganana nyaeta ku jalan ngebor
ngangge 4 - 5 relief well ngurilingan semburan, kanggo
maehanana. Tapi ieu teh cara anu paling mahal sareng
prosesna lami. Ceuk cenah mah, upami lancar, nembe
tiasa teratasi dina pertengahan desember. Padahal
leutak luhurna ngajungkiring  aya kana 7 meterna.

baktos,

mrachmatrawyani



--- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> sigana amrik bade ngajual alat early warning system,
> padahal asana teu aya
> panaliti amrik nu "aktif" nalungtik gempa di ina.
> kapal-kapal nu metakeun
> "zona subduksi", asana kapal jerman tur kapal jepang
> salian ti geomarine nu
> bppt (eh ppgl kitu).
> 
> duka pami amrik sieun industri migas na di"hugo
> chaves"keun siga kasus
> caltex (ayeuna chevron texaco) nu salah sahiji
> lapanganna di riau (rumbai
> kitu), di akuisisi ku pertamina tur bumd riau. jadi
> teu kudu hariwang, yen
> mun di bumd-keun bakal dikorupsi, asalna sistimna
> geus puguh mah geuning,
> aman-aman wae. di sumsel oge kabupaten muba nu aktif
> nga-akuisisi minyak,
> malah batubara tur listrik mah kerja samana jeung
> parusahaan ti china.
> 
> lumpur "lapindo" oge dina panempo tukang geol mah
> kaasup kajadian "mud
> volcano", sabab disebut volcano mangka teu bisa
> dieureunkeun, saperti
> kajadian gunung bitu, nu hese ngeureunkeunna lamun
> geus kajadian. dina
> panempo ahli minyak, bisa dieureunkeun ku cara
> "relief well" alias nyieun
> sumur anyar di gigireunna, duka tah kumaha hasilna
> ... ngan geuning nepi ka
> kiwari, lumpurna angger keneh mudal.
> 
> budhi
> kurono kopo 241



 
____________________________________________________________________________________
Sponsored Link

Mortgage rates near 39yr lows. 
$310k for $999/mo. Calculate new payment! 
www.LowerMyBills.com/lre

Kirim email ke