Leres pisan kang Kumi, kedah aya jalan tengah. Pilihan anu disodorkeun ku Amien Rais, rada adil, tapi pan can tangtu disatujuan ku PT FI. Masalahna, pamarentah urang teh, teu boga kamampuan jeung wibawa upama nego jeung nagara adidaya, anu aya mah kalah biluk (=tunduk,patuh).
Tapi ceuk batur kuring anu jadi dosen Departemen Hubungan Internasional mah (lulusan sakola Amerika oge), masih mending ngayakeun hubungan jeung pihak swasta Amerika tibatan jeung pamarentah Amerika Serikat. Lamun jeung pausahaan swasta Amerika, hubungan ngan semet hubungan kerja. Jadi lamun aya kerjasama penelitian atawa bantuan, anu jadi bahan wacana teh ngan perkara panalungtikan wae. Panalungtikan anggeus, pertanggungjawaban keuangan rengse, nya nepi ka dinya wae. Tapi lamun hubungan jeung pamarentah (Kedubes) Amerika Serikat, katara pisan ngaturna. Contona, lamun mere sumbangan teh sok aya implik-implikna anu cenderung ngadikte, pikasebeleun.(bandingkeun jeung beja di Koran Kompas kamarina, anu ngawartakeun pesawat kapresidenan 'Air Force one', nepi ka sababaraha kaca. Naha enya eta teh inisiatif ti urang Kompas, atawa titipan ti CIA? ieu mah pikiran goreng kuring wae). Waktu kamari sosialisasi PT FI teh aya dongeng saeutik. Teu sakabeh urang UI anu datang satuju kana kawijakan PT FI. Pas giliran acara foto bersama, aya sababaraha urang ti UI anu embungeun difoto babarengan jeung pagawe PT FI. Waktu ku kuirng ditanya kunaon heunteu ngagabung foto bersama. Ari jawabna teh, engke lamun foto eta disalabarkeun, nepi kanyahoan ku mahasiswa, bisa didemo cenah. baktos, mrachmatrawyani --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > On 11/16/06, MRachmat Rawyani > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Saham pausahaan FI, komposisina 9,36 % dipiboga > ku > > pamarentah Indonesia, 9,36% dipiboga ku PT > Indocoper > > Investama (swasta) jeung 81,28% bogana Freeport > > McMoRan & Gold inc. Ari komposisi pagawena per 31 > > Desember 2005 aya 19.000 jalma, 503 urang (2,5%) > > pagawe asing. (anu jadi pertanyaan, sabaraha > gedena > > gajih pagawe asing dibandingkeun jeung jumlah gaji > > pagawe pribumi? Lamun lobana gajih pagawe asing > leuwih > > punjul batan jumlah sakabeh gaji pagawe pribumi, > > berarti memang urang the geus dijajah ku bangsa > > asing). > > > > > > > > > > > > > > > > emberrrrrrrrrrr > > Jadi kasimpulanana naon? Nutup PT FI, berarti aya 19 > > rewu anu bakal teu digawe. Tapi ketang bisa > > nyalametkeun kahirupan 200 juta rahayat Indonesia, > > nagara jadi ajeg/mandiri. > > Jadi pilih nu mana atuh? > > > > Kitu soteh mun ditutup, da anu loba disoarakeun ku > masarakat mah nyaeta bagi > hasil anu leuwih adil. Geuning harita Kang Rahmat > medarkeun kunjungan Amien > Rais ka UI, nu nyarita yen sikepna bakal siga Hugo > Chavez (? mun teu salah), > nu rek mere pilihan ka Freeport jeung sabangsana: > nego ulang atawa nyingkah. > Dina nyingkahna ge pan lain harti kagiatan > penambanganana eureun, tapi > dikokolakeun ku nu sejen, boh lokal atawa luar, > atawa rereongan, kalawan > (balik deui) perjangjian bagi hasilna nu leuwih adil > pikeun rahayat > Indonesia salaku nu boga hak kana tanah, cai, katut > sagala rupa nu aya di > jero ieu nagara. > > Sanes kitu? > Boa sanes............ > > -- > sikandar > ____________________________________________________________________________________ Sponsored Link $420k for $1,399/mo. Think You Pay Too Much For Your Mortgage? Find Out! www.LowerMyBills.com/lre

