--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > PS nu jadi garapan teh, alhamdulillah TAHAP KA 1 ampir parat, ngan
Tadi peuting, kira-kira jam 9-an, si Hawe nelepon. Sisinarieun. Sugan teh saha. Meh dua taun teu tepung, tara teteleponan. Ongkoh kuringna ge arang pisan ka Bandung teh. Paling ge kamari, lebaran jeung HBH. Kitu ge teu kungsi sumpang-simpang ka Ledeng atawa ka Turangga. Rumasa. Jinisna menta idin kuring make pangacaprukan kuring soal partai (urang) Sunda, nu dialungkeun ka kusnet sawatara poe ka tukang, keur hiji tulisan di Cupumanik. Cenah mah, ceuk manehna, meunang ti MJ. Tangtu bae ku kuring diidinan. Komo, nu mikeunna MJ. Pan, geus aya komitmen, naon nu nyampak atawa dialungkeun ka milis ieu, hak penerbitannana aya di Kusnet/Perceka. Ngan, ku kuring dibejakeun: Eta pangacaprukan kudu dirautan deui. Aya data nu ngahaja rada disumputkeun. Di dinya, kuring teu teges-teges nyebutkeun yen Parki teh satemenna diadegkeun ku PP. Ukur nyebut "nuduh". Oge, prestasi Parki/PP lianna nu kungsi ngadegkeun Bank Parki. Satadina mah, sangkan aya nu nambahan. Ambeh, silih simbeuh ku informasi. Tong saarah bae. Beres narima telepon. Kuring karak inget: Karak kamari kuring ngalungkeun "laporan" kuring ngeunaan rarancang majalah US. Nu di antarana, nyabit-nyabit perkara gawe bareng kusnet jeung media citak nu aya. Atuh, kapaksa kuring balik nu nelepon si Hawe. Nepikeun ngeunaan gagasan eta. "Tapi, kumaha-kumaha ge kudu badami heula jeung Kusnet, paling heunteu jeung Uwa Sas jeung MJ," ceuk kuring. "Sabab, pan Kusnetna sorangan kudu siap". Nyebut MJ jeung Uwa Sas teh, pedah bae, lian ti perkara aranjeunna salaku kuncen, oge geus loma jeung Hawe jeung rengrengan Cupumanik/Rancage lianna. Pipikiran kuring, lian ti mantuan Hawe Cs, gawe bareng ieu oge itung- itung tatahar urang nyieun majalah tea. Oge, siga nu disigeung dina "laporan" kamari, ngampanyeukeun internet jeung kusnet. Matak, teges bae dina eta rubrik teh disebutkeun, yen eta gawe bareng Cupumanik jeung kusnet. Prak-prakkannana, aya dua alternatif: Cara ka hiji, MJ, Uwa Sas, atawa saha bae, nyieun tim redaksi. Malah, ambeh praktis, Uwa jeung MJ bae bere kawenangan penuh pikeun nunjuk saha museur nulis perkara naon. Si A, misalna, ditugaskeun "ngacapruk" perkara kaagamaan. Si B ngeunaan sajarah. Si C ngeunaan teknologi. Si D ngeunaan kasenian. Si F ngeunaan paekonomian. Si G ngeunaan pendidikan. Si H ngeunaan madrasah. Si I ngeunaan jurig. Jste. Nya tim ieu nu, kalawan maneuh, posting-postingna dimuat di Cupumanik. Cara ka dua, bisa oge teu kudu maneuh si ieu ngadeluk ngome itu. Bisa bae, eta tim teh, atawa MJ jeung Uwa Sas, deui-deui ngarah praktis, "nunjuk" posting mana bae nu ditulis ku tim tadi, nu kira- kira pantes dialungkeun deui dina Cupumanik. Ku naon keukeuh kudu aya tim nu maneuh? Ngajaga kontinuitas. Inget, ieu nyangkut media citak, nu kontinyuitas jeung periodisasina jelas. Aya deadline, aya tanggungjawab, jste. Konsep produk eta rubrik teh tong dines-dines teuing. Hartina, gaya nu aya teu beda jeung ilaharna mun jinisna nulis di milis. Misalna, tulisan Kang Ali di urangsubang, ngeunaan pangalamannana pakait jeung buku atawa maca, nya dimuat sakumaha ayana. Paling ge dibebener basa jeung ejaannana -- eta ge mun dianggap mengpar teuing tina ugeran. Pon kitu deui tulisan Kang Kebo Hideung di tasik atawa Kang Agus Wirabudiman di urangsunda. Ukur dibebener ejaannana. Matak, ngaran rubrikna ge, keukeuh: Surat-surat ti Internet. Lian ti nanceubkeun konsep "internet" dina uteuk nu maca, oge sangkan ugeran- ugerannana rada logor. Siga di internet atawa milis. (Kocap "milis" kuring nyarankeun tong dipake. Heureut teuing. Internet leuwih lega). Kumaha, tah? Kira-kirana kabadanan moal? Mun jeung Cupumanik bisa jalan, urang tinggal ngajakan Mangle, Galura, Koran Sunda, Budaya, jste, pikeun gawe bareng nu sarua. Pan kabeh kabantuan? Salam, MGT

