hebat eta ideu teh.
Mugia sing lancar wae.
Si kuring siap ngabantu tutulisana we.

baktos
tantan

On 11/24/06, mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, mh
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> PS nu jadi garapan teh, alhamdulillah TAHAP KA 1 ampir parat, ngan

Tadi peuting, kira-kira jam 9-an, si Hawe nelepon. Sisinarieun. Sugan
teh saha. Meh dua taun teu tepung, tara teteleponan. Ongkoh kuringna
ge arang pisan ka Bandung teh. Paling ge kamari, lebaran jeung HBH.
Kitu ge teu kungsi sumpang-simpang ka Ledeng atawa ka Turangga. Rumasa.

Jinisna menta idin kuring make pangacaprukan kuring soal partai
(urang) Sunda, nu dialungkeun ka kusnet sawatara poe ka tukang, keur
hiji tulisan di Cupumanik. Cenah mah, ceuk manehna, meunang ti MJ.
Tangtu bae ku kuring diidinan. Komo, nu mikeunna MJ. Pan, geus aya
komitmen, naon nu nyampak atawa dialungkeun ka milis ieu, hak
penerbitannana aya di Kusnet/Perceka.

Ngan, ku kuring dibejakeun: Eta pangacaprukan kudu dirautan deui. Aya
data nu ngahaja rada disumputkeun. Di dinya, kuring teu teges-teges
nyebutkeun yen Parki teh satemenna diadegkeun ku PP. Ukur
nyebut "nuduh". Oge, prestasi Parki/PP lianna nu kungsi ngadegkeun
Bank Parki.

Satadina mah, sangkan aya nu nambahan. Ambeh, silih simbeuh ku
informasi. Tong saarah bae.

Beres narima telepon. Kuring karak inget: Karak kamari kuring
ngalungkeun "laporan" kuring ngeunaan rarancang majalah US. Nu di
antarana, nyabit-nyabit perkara gawe bareng kusnet jeung media citak
nu aya.

Atuh, kapaksa kuring balik nu nelepon si Hawe. Nepikeun ngeunaan
gagasan eta. "Tapi, kumaha-kumaha ge kudu badami heula jeung Kusnet,
paling heunteu jeung Uwa Sas jeung MJ," ceuk kuring. "Sabab, pan
Kusnetna sorangan kudu siap".

Nyebut MJ jeung Uwa Sas teh, pedah bae, lian ti perkara aranjeunna
salaku kuncen, oge geus loma jeung Hawe jeung rengrengan
Cupumanik/Rancage lianna.

Pipikiran kuring, lian ti mantuan Hawe Cs, gawe bareng ieu oge itung-
itung tatahar urang nyieun majalah tea. Oge, siga nu disigeung
dina "laporan" kamari, ngampanyeukeun internet jeung kusnet. Matak,
teges bae dina eta rubrik teh disebutkeun, yen eta gawe bareng
Cupumanik jeung kusnet.

Prak-prakkannana, aya dua alternatif:

Cara ka hiji, MJ, Uwa Sas, atawa saha bae, nyieun tim redaksi. Malah,
ambeh praktis, Uwa jeung MJ bae bere kawenangan penuh pikeun nunjuk
saha museur nulis perkara naon. Si A, misalna, ditugaskeun "ngacapruk"
perkara kaagamaan. Si B ngeunaan sajarah. Si C ngeunaan teknologi. Si
D ngeunaan kasenian. Si F ngeunaan paekonomian. Si G ngeunaan
pendidikan. Si H ngeunaan madrasah. Si I ngeunaan jurig. Jste.

Nya tim ieu nu, kalawan maneuh, posting-postingna dimuat di Cupumanik.

Cara ka dua, bisa oge teu kudu maneuh si ieu ngadeluk ngome itu. Bisa
bae, eta tim teh, atawa MJ jeung Uwa Sas, deui-deui ngarah
praktis, "nunjuk" posting mana bae nu ditulis ku tim tadi, nu kira-
kira pantes dialungkeun deui dina Cupumanik. Ku naon keukeuh kudu aya
tim nu maneuh? Ngajaga kontinuitas. Inget, ieu nyangkut media citak,
nu kontinyuitas jeung periodisasina jelas. Aya deadline, aya
tanggungjawab, jste.

Konsep produk eta rubrik teh tong dines-dines teuing. Hartina, gaya nu
aya teu beda jeung ilaharna mun jinisna nulis di milis. Misalna,
tulisan Kang Ali di urangsubang, ngeunaan pangalamannana pakait jeung
buku atawa maca, nya dimuat sakumaha ayana. Paling ge dibebener basa
jeung ejaannana -- eta ge mun dianggap mengpar teuing tina ugeran. Pon
kitu deui tulisan Kang Kebo Hideung di tasik atawa Kang Agus
Wirabudiman di urangsunda. Ukur dibebener ejaannana.

Matak, ngaran rubrikna ge, keukeuh: Surat-surat ti Internet. Lian ti
nanceubkeun konsep "internet" dina uteuk nu maca, oge sangkan ugeran-
ugerannana rada logor. Siga di internet atawa milis. (Kocap "milis"
kuring nyarankeun tong dipake. Heureut teuing. Internet leuwih lega).

Kumaha, tah? Kira-kirana kabadanan moal? Mun jeung Cupumanik bisa
jalan, urang tinggal ngajakan Mangle, Galura, Koran Sunda, Budaya,
jste, pikeun gawe bareng nu sarua. Pan kabeh kabantuan?

Salam,
MGT




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke